KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 07 Mei 2012

nyalusur walungan ngaprak wahangan

nyalusur walungan ngaprak wahangan: mamang kacida hayang nyaho kaayaan walungan mangsa kiwari boh caina boh wujud/fisik walungannana; keun ari bab caina mah da geus puguh kotor, iyeu aya hiji hal deui nyaeta kayaan fisik walungan oge geus robah anu ngaheureutan aya anu mabal, nu rek dicaritakeun di dieu utamana 'leuwi' walungan sok dilengkepan ku leuwi nyaeta nu loba caian jero tempat guyang loba laukan aya leuwi nu nyedong tara diguyangan bahaya, leuwi di walungan ngawangun sacara alami lain jieunnan......
· ·
    • Sutan Sudaryo Nya kitu mang ari hoyong ngojay teh di gunung mh ka walungan,kade nojayna ngalelep kang,heheh
      Minggu pukul 13:51 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs urang lajengkeun, demi kaayaan wangun fisik walungan nya leuwi tea kiwari ampir robah sadayana sanajan aya keneh wangun leuwi anu maneuh,re leuwi teh nu geus jadi ereng, ari ereng teh walungan anu rata nu caina deet nu sok dipake peupeuntasan nu ngaliwat teu kana sasak, tah leuwi teh loba nu kitu ayeuna teh, mamang nyalusur leuwi cinanggung paragi mamang guyang keur leutik ari rek ngarit tawa balik ngarit ti salanghunyar sok guyang heula eta leuwi teh jero da maman sok tikerelep, nenbongkeun yen leuwi jero.
      Minggu pukul 14:03 melalui seluler · · 1
    • Sutan Sudaryo Walunganana caina tos saat leuweungna beak ku manusa di babat alas dijadikeun duit,da duit perlu pisan soal longsor bodo teuing ah da nagari urang mh geus kasebut rawan gempa tapi can aya cara usaha nyata supaya jdi nagari aman gempa,heheh
      Minggu pukul 14:16 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs gunana leuwi keur ngarandeg cai walungan malar teu tarik teuing, mun dina arus listrik mah mangrupakeun sepiral ta teh, komo sak kapendak leuwi anu caina muter ka girang eta nu sok disebut 'cai mulang' sok diparake ubar ku nu butuheun jeung nu nyahoeun mah, eta leuwi nu kitu tara dipake guyang lantaran cai muih sok ngarengkas nilepkeun nu guyang, bahaya matak korban, leuwi nu kitu caina jero aya 'arus deras' didasar leuwi jaba sok nyedong, di dieu lauk na baradag sabangsa kancra nu bisa teuleum iwal ti.....
      Minggu pukul 14:20 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs ‎'palika' palika teh tukang teuleum dina cai sepuh kapungkursok aya nu jadi palika tukang nulungan jalma nu palid kasered caah walungan, rupa rupa karakteristik atawa pasipatan leuwi teh aya nu ngajumleng caina rada hantar tah eta mah leuwi aman dipake guyang barudak, rata rata leuwi mah jero ka girang, arang aya leuwi nu jero ka hilir, leuwi sok dipake tempat hirup 'kuya kadang buhaya jeung lauk badag' tengetan dogeng sakadang kuya jeung sakadang monyet, leuwi disebut di dinya, leuwi oge sok dipake.........
      Minggu pukul 14:28 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs ‎'ngalayarkeun santen orok' jaman kapungkur mah malah dugi ka ayeuna, tah sakitu ngeunnaan leuwi, kaayaan leuwi di walungan ayeuna geus robah loba leuwi nu jadi deet jadi ereng ciciren 'kandungan walungan geus ngurangan boh caina boh laukna' walungan teu bisa nharedam arus mun banjir ngagulidag caah rongkah mun halodo saat ngoletrak euweuh siuk siukkeun sakaliaeun ngisang, leungitna leuwi salah sahijina lantaran dasar leuwi ngandung sedimen ' lumpur kerikil' hasil erosi nu ngabalukarkeun leuwi jadi deet.....
      Minggu pukul 14:36 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs erosi dibalukarkeun ku nu disebutkeun ku 'sutan sudaryo' tadi di luhur, oge lantaran lahan kurang tutuwuhan, lantaran taneuh darat di olah anu teu merhatikeun 'kaidah konservasi tanah dan air' nu pangbadagna lantaran galian taneuh jeung lantaran gunung dirakrak diwuwuh ku beuki 'rajegna wangunnan jeung anu nutup pori pori taneuh pikeun cihujan nyerep ka jero taneuh' nu ngabalukarkeun cai hujan nyemprung palid kahilir teu nyerep heula , kuayana kieu cai taneuh jadi kurang, solusina kudu daraek nyieun sumur
      Minggu pukul 15:16 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs seserepan cai hujan, urut galian taneuh kudu dipepelakan deui ku tutuwuhan jeung dipetak, urang cipaku demaraja boga kalangennan taunan ' marak leuwi cimanuk' usum halodo sataun sakali, dina carita lutung kasarung oge aya kalangenan marak taunan di leuwi sipatahunan. leuwi mangrupakeun gentong cadangan cai jeung lauk walungan , 'leuwi kudu dipulasara' sangkan tetep ayana, pon kitu deui daerah sabahena cileuncang kudu tetep diolah kalayan merhatikeun 'kaidah konservasi tanah dan air'
      Minggu pukul 15:24 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs ‎"sugan kabaca ku dunya malar aya mangfaatna"
      Minggu pukul 15:30 melalui seluler · · 1
    • Sutan Sudaryo ‎@mang eh di aos ku kuka eta elmu dunya aherat,jazakumullahkhaerokshiraan,mugia amang menang paha lawan,heheh
      Minggu pukul 16:07 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs ‎"MAMANG NYIEUN JEUNG NINGGALKEUN LACAK KU TUTULISAN PIKEUN BACA BACAEUN BALAREA JEUNG KULAWARGA MEH NGARAN MAMANG KASEBUT SEBUT"
      Minggu pukul 16:12 melalui seluler ·
    • Sutan Sudaryo Nya mamang ahli konsevasi walungan
      Minggu pukul 16:21 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs mamang didamel janten penulih rehabilitasi lahan dan konservasi tanah dan air'rlkta' nu lajim disebat' penyuluh kehutanan' nu direkrut ku departemen kehutanan ti taun 76 dugi ka ayeuna insyaalloh pangsiun september 2014, piduana we, sing remen nganjang ka bale blog mamang malah mandar aya luang luang nu bisa dipetik, sab ari cara meunang luang teh aya tilu, luang ti nu kasorang, luang ti pada urang jeung luang tina daluang/ internet ayeuna mah" alamat blog mamang sami sareng ngaran dina fb, wilujeng.
      Minggu pukul 16:31 melalui seluler ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar