KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 21 Juni 2011

Anggoan Sunda Model Lebak Biru

dina ieu seratan,sim kuring bade mintonkeu rupi-rupi anggoan sunda istri pameget kalebet udeng atanapi tutp mastaka istri pameget, nu kapintonkeun dihandap hasil liputan nalika acara ngawanohkeun lembur budaya lebak biru dina waktos nu kalangkung nu diluuhan ku ketua ruwat I jabar  sareng ketua rws sawatawis waktos kapengker.

Rabu, 01 Juni 2011

PANEN PARE BUHUN DI LEBAK BIRU

Pare buhun najan umurna panjang tapi masih mibanda kauunggulan nyaeta bisa disimpen lila di jero leuit, tara meletuy sabab sipat pare buhun kuat jeung bisa disimpen lila, hal ieu kacida hadena keur ngarojong
katahanan pangan, saperti nu katingal dina foto dihandap ieu. nu anyar anyar ieu dipanen ku patani jeung kulawargana, wangun pare geugeusan, umur pare 6 bulan, beasna bodas sanguna empuk  pulen, jinis pare cahaya,geus make gemuk orhanik,didaharna


berekah, alasna badag sagede gunung urug, didaharna kudu beak, teu matak kamerekaan.