KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Jumat, 04 Mei 2012

kapungkur mamang nuju alit

kapungkur mamang nuju alit sok ngala suluh ngarit gapret ngangon domba ngangon sapi sok iang suluh iang daun ka pasar demaraja; sok guyang di walungan jeung babaturan awewe lalaki resep sok dikodok sok gegerewekan, mamang sok nginum dina tapak kebo jeung di walungan da harita mah caina herang keneh, sok nyeuseuhan di walungan sok ngamandian domba tawa sapi di walungan, kamari mamang ningalian walungan caina kiruh lecek jeung kotor, boro bisa inum di tohtor guyang komo deui sieun ateul, wayahna we barudak...
· ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar