KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Kamis, 09 Mei 2013

KANYAAH INDUNG BAPA MOAL BISA KAPULANGKEUN

SAUR SEPUH; sing hade ka indung bapa, indung nu ngandung bapa nu ngayuga; indung tunggul rahayu bapa tangkalna darajat, memeh medal ka alam dunya urang geus aya dina sir pada sir indung bapa; mangka sing sarua mun barang bere,ulah rek diwilah-wilah , indung kirim lemareun bapa bere ududeun, ndung kirimsinjang bapa bere sarung, indung kirim kurudung bapa bere kopeah meh kabehanana katutup orat mastakana; mun rek boga maksud nyarita kaduana penta do'ana, mun teu aya nyekar ka kuburanana, do'akeun sing kenging pangampura Gusti.
Suka · · · · 5 Mei pukul 21:45

  • Méi Kartanagara tah eta mah teu jadi saur sepuh deui
    ceuk kami "sing hade ka indung bapa satarabasna ,..
  • Dewi Sriwulan Sapuk!
    Lain euceuk pangdu'a nu jadi indung karaos tina kandungan keneh dugi ka waktos ieu...
    Pangjaga nu jadi bapak nunungguan sim kuring dugi ka aya nu ngajaga nu janteun salaki...
    Ti beres ijab kabul sajam beres pun bapak ngantunkeun....

    Tah bukti nu nyata yen bapak teh bener2 nyaahna dugi ka pupusna.
    Bukti deui nu nyata nu jadi indung teu beres2 ngadu'a sampe ka sim kuring bagja tumaninahhh...

    Dua sareng laku lampah nu janteun indung jeung bapak ngabuktos... Ayana.
    Indung Tunggul rahayu...
    Bapak tanggkal darajat...

    Jadi sedih mun ngemut kadinya mah bah...!
  • Wisahya Drs urang moal bisa mulangkeun kanyaah indung bapa, pasalna loba; naha kaburu ku umur naha ku can mampu,jsb; tapi kanyaah eta bakal terus ngalir ka hilir ka turunan, moal malik ka sungapan, da memang kitu qudratullahNa.
  • Chepi Rumiang Wisaya Drs@ leres pisan harita keur can boga turunanmah can bisa ngaraskeun kanyaah indung bapateh ukur bisa nganyahokeun yen kolot teh nyaah. Horeng ku si cikal nu mere bukti rasa nu sajat Ti Na
  • Wisahya Drs tah eta Rahman RahimNa Gusti teh
  • Wisahya Drs indung bapa dug hulu pet nyawa ngabelaan nu jadi anak, belaan kolot make asal anak ganti baju, belaan teu dahar asal anak kaparaban
  • Dewi Sriwulan Tp naha nyak...
    Jaman ayeuna mah loba kolot GOBLOG???
    Anak sorangan djual, bapak merkosa anak?
    Kolot maehan anak, indung ngajual harga diri anak jeug sajabana...

    Patut disyukuran nyak bah...
    Nu boga kolot ngadidik mah dibanding kolot nu ngajar?

    Kumaha pameudak abah?
  • Wisahya Drs aya anu kaluar tina qudratullah dilantarankeunku sababaraha hal; kurangna ekonomi, leungitna iman ,jeung leungitna kasadaran kamanusaan dina sa'at eta.
  • Dewi Sriwulan Tah eta panginteun bah... Nu jelas mah... Keudah aya nu di beresan tina dasarna dugi ka pamerentahanna.
    Dibidang ekonomi kmh sangkan di permudah tong sagala mahal, dina kaimanan keudah aya laku lampahna ulah sifat wungkul,
    Dina kasadaranna pangaruh2 nu kira2 ngabahayakeun sepertos narkoba ulah sampe ka dugi dikenal panginteun.

    Nu penting mah dasarna aya di nagara alit heula nyaeta rumah tangga antara suami istri saling terbuka.
    Ka anak teu ngajar bari ngahajar...
    biasana anak oge nyari pelampiasan diluar ku salah gaul tea...

    Eta mah panginteunna bah nu ku sim kuring terang ti kahirupan sosial nu umum.
  • Wisahya Drs adi diri manusa ngancik rupa-rupa sipat margi manusa atawa jalmi atawa insan aya diantara malekat jeung iblis, bener wae lain malekat salah wae lain setan kitu ceuk paribasana, tah jalmi teh aya di tengah anu tangtu sipat nu kenca katuhu aya ngancik di diri manusa, mung aya kadali nyaeta ku iman tea, eling, sadar, najan sakapeung sok tara bisa ngadalian hawa napsu, nu saperti disebut di luhur tea,sahingga qodrat kamusaana bisa kalindih, tapi saenyana eta teh saheab teu sallana ngancik na teh.
  • Dewi Sriwulan Iman... Nyak bah?
    sabar jeung syukur dina ngajalanan hirup jeung hurip na keudah saimbang.
    Mun masih ngaco mah sanes djati panginteun...
    Da ka ancik kene ku nafsu...
  • Wisahya Drs perkawis napsu tong dipegeng sok komo dipareuman, tapi napsu kudu dikadalian, lantaran mun jalma euweuh napsuan teu boga kahayang, teu normal.
  • Dewi Sriwulan Iya jg ya bah mgkn di minimalis kali bah...!
    Heheheh...
  • Wisahya Drs ngocorna kanyaah teh lir ibarat ngalirna cai ti luhur ka handap, cai tara ngocor malik ka girang, pon kitu deui mulangtarima anak turunan bakal ka handap ka turunan, da kolot mah teu ngahutangkeun, da moal kabayar mun kudu dicatetkeun oge.

1 komentar: