KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 30 September 2013

PAGAWEAN BEURAT

NGAHEJOKEUN LEUWEUNG NGAHERANGKEUN CAI WAHANGAN, lain pagawean enteng-enteng, lain bantrak-bantrakeun memeh dahar, - sabedogna- sabedogna - , nu boga pangarti ku pangartina, nu boga harta ku harta na, nu boga tanaga ku tanaga na, nu boga rasa ku rasa na, nu boga rumasa ku karumasaan na, nu boga siki ku siki na, nu boga tangkal ku tangkalna, nu boga kakawasaan ku kakawasaanana,..... 

= bloger sejati =

Minggu, 29 September 2013

JAGA WAHANGAN

NGUNGKULAN PENCEMARAN WALUNGAN CITARUM ; lain bantrak-bantrakeun memeh dahar, dampak negatif balukar pencemaran citarum,, hasil tatanen loba nu teu kapuluk, loba lauk nu paraeh, cai walungan teu bisa dipake mandi, jaba lecek teh sok ateul, jeung nimbulkeun bau, nu matak nimbulkeun rasa teu nyaman; para pemerhati lingkungan, lsm, jeung pribadi geus loba upaya ngahendel eta hal tapi hasilna can  nyugemakeun, tadi dina gempungan OBRASS DPKLTS di bandung , pikeun ngabantu ngungkulan hal kasebut diluhur, supaya pamarentah ngarekrut - JAGA WALUNGAN - , nyaeta patugas anu turun langsung ka lapangan pikeun nitenan kaayaan walungan anu tanggung jawab na ka pamarentah,