KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 31 Juli 2012

LIWET SAUNG SAWAH


153 · · · · Tandai Teman

RUKUN SONO

· ·

MIRUHA

· ·

PUNIKA NGADURUK LAMPING PIHUMAEUN

· ·
    • Wisahya Drs Bisa dibarung diadu seuneu diduruk ti luhur ti handap, engke tepung seuneu di tengah tengah, seuneu bakal pareum ku sorangan.
    • Wisahya Drs Ieu cara bisa ngahemat beya ngolah taneuh, taneuh urut ngaduruk hade pepelakanana matak ,tapi aya kacawadna sagala tutuwuhan bakal kaduruk, komo nu leutik keneh mah, tapi tangkal nu badag mah biasana kuateun tara paraeh ukur cacad urut kaduruk saheab,dauna bakal perang harita mah ngan engke oge bakal daunan deui.
    • Wisahya Drs Tina lahan anu tas diduruk dina sacur hujan bakal tereh jaradi sisikian polong polongann kayaning cucuk buset, petetan sengon, jeung jukut gorejagm
    • Wisahya Drs Saenyana tina lahan anu diduruk teu perlu dipacul deui lantaran taneuh meunang ngaduruk mun sacur hujan sok hipu tinggal ngaseuk sisikian atawa ngahuma, taneuhna ngepros hipu lantaran tas kapanasan jeung ngandung gemuk organik tina lebu durukan.
    • Wisahya Drs Taneuh anu tas diduruk sok alus beubeutian sok baradag lantaran taneuh jadi hipu tur subur, saperti hui, ganyol, suweg, gadung, sampeu, boled, taleus, sagu,kentang ngekngek,jsb
    • Wisahya Drs Durukan bisa dimanpaatkeun keur ngolah taneuh, nu irit jeung matak subur kana taneuh, matak alus tatanen

TUKANG NGUSEUP DI WALUNGAN

· ·
    • Wisahya Drs Tukang nguseup di walungan cinoklong dina luhur batu sisi leuwi,jeujeuruseup asup kana beuteung leuwi, clom giriwil meunang beunteur keur endogan, beunteur ditewak tina kenur dilaanan useup tina sungut beunteur, diasupkeun kana korang dingagaplok dina cangkengna.
    • Wisahya Drs Pundah pindah leuwi, clom giriwil meunang jeler sedeng bungkayak arendogan
    • Wisahya Drs Leuwi dihanca ti hilir tepi ka girang, korang geus pinuh kasorenakeun karek hanjat ti walungan, kitu gambaran pagawean tukang nguseup di walungan, nu matak piraku tukang nguseup teu apal kana kaayaan walungan nu jadi pakasabanana sapopoe
    • Wisahya Drs Tukang nguseup di wlungan nbakal apal gede leutikna cai walungan,sarta bakal apaleun jauhna walungan nu sok disorang, ayana sirah cai nu nturun ka walungan oge bakal apaleun.
    • Wisahya Drs TUKANG NGUSEUP DI WALUNGAN TEU SALAH MUN MEUNANG JULUKAN ATAWA SEBUTAN MANTRI UKUR WALUNGAN

MERANCANG MOTIF BARU PUSARA

· ·

CARITA ENTENG

· ·