KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Rabu, 27 November 2013

SAYURAN ORGANIK PEKARANGAN

SAYURAN ORGANIK PEKARANGAN DESA MARGAJAYA TANJUNGSARI SUMEDANG, tampak dalam gambar Yuningsih Kades Margajaya dan Zesi Nasipa Pendamping, di pekarangan rumah Kades .
 

Senin, 25 November 2013

RITUAL NGARUAT LEMBUR PATENGGENG

  1. KACAPI JAIPONG; hiji deui kreasi anyar seniman Patenggeng saenggeus midangkeun KACAPI IBLIS; waditrana kacapi, piul, kecrek, kendang jeung goong, alok saurang jeung sinden sapasang, sakumaha anu katingali dina gambar di handap; tempat manggungna sarua keneh jeung basa midangkeun kacapi iblis di kampung Patenggeng desa Margaluyu kacamatan Tanjungsari Kabupaten Sumedang Jawa Barat; luluguna sarua deuih Dudung, ngan nu beda teh momen acarana , mun kacapi iblis dina acara ulang taun kelompok tani mekar harapan, sedengkeun kacapi jaipong mah dina raraga ngaruat lembur Patenggeng, teu bisa midangkeun gambar anu sagemlengna lantaran posisi na teu ngaberes, kacapi aya ditukangeun kendang, tukang piul misah sorangan diuk dina korsi rada anggang ti nayaga nu sejen na, sulit rek midangkeun gambar nu lengkep.