KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 17 September 2022

Sangkuriang ngalalana

Sangkuriang katohyan ngabohong anu majahkeun nu dibeuleum teh ati uncal padahal anu saenyana eta ati Si Tumang anu ngahaja ditumbak ku Sangkuriang diala atina demi nyumponan pamunfut nu jadi indung.
Laju Dayang Sumbi kacida werana ka nu jadi anak bakating ku kuciwana teu bisa nahan amarahna , Sangkuriang embun embunanna dicocog ku taropong tepi ka baloboran getih , laju Sangkuriang nu madih keneh budak leutik waktu harita diusir ku Dayang Sumbi.

Budak inditna cepet ngetan turun gunung unggah gunung nete akar ngeumbing jangkar ngambah sagara, engkena sanggeus mangtaun taun datang deui kaeta tempat panginditan waktu di usir ku indungna dina kaayaan duanana geus pada poho.

Di luhur disebutkeun budak teh inditna cepet ngetan datang deui ti beulah kulon, hartina dina lalakon Sangkuriang ngalalana geus ngurilingan dunya.

Rabu, 14 September 2022

Nyi Larasati


Numutkeun dongeng kolot dicaritakeun yen Dayang Sumbi keur leutikna disebut Nyi Larasati ramana Ratu Galuh nu sumare di Panyusuhan ibuna putri geulis nu sumare di gunung simpay .

Demi Nyi Larasati digedekeun di gunung putri  , sanggeus rada gede parawan leutik Nyi Larasati menta tepung jeung ramana , ku ibuna dianteurkeun ti gunung putri tepi ka gunung surian meuntas walungan cimanuk meuntas dipangrakitan terus mapay jalan ka kalerkeun tepi ka gunung surian , ti dinya Nyi Larasati diecagkeun tina tonggongna.

Ibuna nyaur Nyai anaking ibu ngan serek die jajap jung geura meuntas walungan Cimanuk engke bakal dipeuntaskeun ku Buahaya putih , " papay jalan anu lempeng"  di di ditu bakal tepung jeung kang rama bapa hidep,anjog ka hiji tempat anu disebut panyusuhan panyusulan ingkang rama raja galuh dina eta fongeng disebut Raja Cipaku.

Wasiat ibu na Nyi Larasati " papay jalan anu lempeng " ieu kalimah wasiat anu ngandung harti jero.
Sakitu heula tereh  waktu dur lohor.

Gunung Padang Cikarag


Gunung padag cikarag tempat sumarena Resi Ajar Padang ratu galuh boga sabaraha ngaran diantarana disebut gunung buligir disebut buligir lantaran can hirup tatangkalan, disebut gunung gedong kosong lantaran eta gunung batu diherona kosong lamun pareng kawenehan leumpang ditengah luhur gunung sok karara saperti nincak tempat anu kosong, disebut oge gunung sakti lantaran eta gunung tempat tapana Ki Ajar Sakti , samemehna eta gunung disebut Hunung Cipu tempat tatapana Guru Minda Lutung Kasarung , mangrupakeun lawang ka ruhur , lutung kasarung kungsi pulang anting nepungan Sunan ibu di ruhur, tepi ka ayeuna ku nu ayeuna eta gunung fisebut gunung padang aya sababaraha makam nu aya di ruhur gunung padang sajaba ti makam Ki Ajar Padang ratu galu ahli munajat anu ngaraketkeun diri ka Gusti , di gunung padang oge aya lawang mangruoa liang di pongpok kaler kidul , nu kawenehan sok ngadenge ngagerutna sora lawang dibuka atawa ditutup , beh ditu mah sok disebut sora parag matak deukeut eta gunung aya lebak ciparag ayeuna ciparag anu engkena ngamuhara ka cibayawak.

Senin, 12 September 2022

Pecahan batu

Batu pecah yang sering ditemukan di lokasi tukang batu memecahkan batu tidak sengaja tukang batu membuat pecahan iecil ramping dan tajam setajam alat kerat seperti pisau dapur tetapi pecahan batu akan terbentuk dengan sendirinya dan ukuran pecahan batu tajam bervariasi , namun yang dibahas di sini adalah pecahan batu yang tajamnya menyerupai benda rajam yang bisa dipergunakan untuk mengerat semisal oelepah daun pisang atau mungkin mengerat pohon pisang, dll , seperti tampak pada gb di atas ini adalah salah satunya dari pecahan batu yang tidak disengaja dibentuk tetapi terbentuk dengan sendirinya ketika tukang batu memukulkan martilnya ke permikaan batu yang akan dipecahkannya atau ditarok b sunda.

Cibudah lemburna Ibu Dayang Sumbi


Cibudah di kawasan bendungan jatigede numutkeun versi carita Sangkuriang Kabeurangan nalika Dayang Sumbi ngagodog ati uncal dina pariuk caina ngabudah tepi ka mudal , nya tepi ka kuwari eta tempat disebut Cibudah.

Sangkuriang belaan ngabohong ka ibuna nyebutkeun ati uncal padahal nu sabenerna eta ati Si Tumang bakating ku tumut ka nu janten ibu anu mundut ati uncal ka putrana.

Teu jauh ti Cibudah aya hiji tempat anu disebut Ranggon , aru ranggon tegesna saung jungkung luhur kolong , paranti Dayang Sumbi ninun boeh rarang tepi ka sagede gulungan kasur anu engkena didingdingkeun ti gunung surian tepi ka gunung jagat dijieun kingkilaban palsu pikeun nyalametkeun diri ngabolaykeun oleng panganten di talaga sipatahunan.

Di cibudah mangrupakeun padumukan ibu Dayang Sumbi jeung tempat patilasan makam ibu Dayang Sumbi jeung patilasan makam bapa Si Tumang, ngan kadua patilasan eta teu pati populer di kalangan masrakat di dinya jeung sakitarna , kajaba saeutik anu weruh kana eta kadua patilasan , padahal carita Sangkuriang Kabeurangan kacida populerna di kalangan masrakat tatar sunda.

Tempat sejen anu ngadukung kana tempat padumukan Dayang Sumbi jeung tempat jinun nieh rarang, oge aya gunung simpay tempat dibabarkeunna Dayang Sumbi Nyi Larasati , Ciputri tempat digedekeunna Dayang Sumbi , Gunung Sunda kuloneun Cieanca tempa Sangkuriang latihan moro jeung mentang panah ngalempag tumbak kabuyutan, anu dikatih ku aki panumbak guruna Sangkuriang.

Tulisan di luhur ieu numutkeun carita Sangkuriang kabeurangan versi walungan Cimanuk di wewengkon Darmaraja Sumedang.

M e r d e k a Republik Indonesia 77

pramukamerah putihDirgahayu Republik Indonesiapeoplechildren