KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Jumat, 15 Juni 2012

NGAWULUKU

anteng lalajo nu ngawuluku ku munding sahiji, ngan edas wayah kieu can ucul teu apaleun kana wanci pecat sawed jigana mah
· ·

TUMPENG

TUMPENG: sangu koneng samarana uyah gula kalapa cipati sereh laja daun salam bawang bodas bawang beureum, eusina daging hayam tawa endog hayam tawa lauk teri, beas pare buhun diasakan dina hawu suluh make seeng make aseupan, mun geus asak ditamplokeun diwadahan ku boboko sangu ditutup ku daun cau, tumpeng raket patalina jeung rupa rupa salametan, tumpeng tihandap gede ka luhur nyungcung ngandung siloka 'kuat dadasar malar panceg' sok dipake ujuban ka karuhun 'tawis hormat ka luluhur' nu mulang ti payun.
· ·

    • Adang Jhoni Bah naha lolobana Sangu Tumpeng warna na Koneng? Enya Koneng eta mah pan make samara Koneng. Ieu mah naon silib sindir, Siloka na Sangu Tumpeng warna Koneng?
      Selasa pukul 21:34 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs tumpeng nu jadi lulugu disimpen di tengah tengah diamparan lawon bodas tanda beresih pamaksudan diriung ku rupa rupa kaolahan tina beas opak wajit raginang ulen gegeplak angleng kelepon papais cau; sesepeun lemareun tektek bako tampang dun kawung surutu cikopi pait amis ci teh ci herang kekembangan seuseungitan rurujakan duwegan kalapa hejo 'tawis kabinangkitan', parukuyan ngelun meledek nu jadi cukang mangnepikeun du'a permuhunan rasa sukur sareng pangdu'a ka Nu Maha Agung menta salamet dunya aherat......
      Selasa pukul 21:42 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs koneng teh lambang kadunyaan nu ngagugunung 'emas' hartina nyuhunkeun kaberehan ' saeutik mahi loba nyesa sing bisa mere maweh ka kulawarga ka sasama', kitu ce
      Selasa pukul 21:46 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Tah Bah, ari Parukuyan teh hiji wadah nu eusina Ruhak areng nu hurung. Sok terus d awuran menyan ngarah meledug haseup na jeung seungit. Bener nyak Bah?
      Selasa pukul 21:47 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs ari seuneu perlambang haneut tawa panas pan aya ciherang tea dina botol perlambang hurip ari haseup perlambang hirup nya renghap tea, jeung ari eta haseup cukangna do'a ujuban pamaksudan nu ditujukeun ka nu maha ngersakeun nu ngusik malikkeun nu ngayugakeun siang wengi, numawi mangkahade dina rekes ujuban bilih tisorodot omong tisoledat letah, ' numawi sok ditungtungan ku kecap paralun bilih langkung saur bahe carek biwir teu diwengku letah teu tulangan paralun neda agung cukup lumur neda jembar pangampura'
      Selasa pukul 21:55 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Bah ari nu d sebut KIDUNG naon Bah? Naha asup kana Tembang atawa Pupuh Bah?
      Selasa pukul 22:01 melalui seluler ·

    • Wisahya Drs saenyana kidung tembang jeung pupuh boga patokan masing masing ' kabeh oge syair lagu' ucapan nu dikawihkeun nu boga patokan pek tengetan sing daria
      Selasa pukul 22:07 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Naon wae Bah patokan na Kidung, Tembang & Pupuh. Jeung Naha Kidung mah sok d tembangkn d acara nu Sakral?
      Selasa pukul 22:12 melalui seluler ·

    • Wisahya Drs Tengetan tina ungkara kalimahna: kidung murwakanti ' bul kukus mendung kamanggung ka manggung/ ka manggung neda papayung/ sora tuntung ung; tembang sunda cianjuran dina lagu papatet ' daweung diajar ludeung menak ti pajajaran...; pupuh boga patokan sora tungtung dina pupuh pucung ' bapa pucung iketna dirancung rancung/ jig ka warung meuli bako jeung dun kawung/ jig kalisung newak hayam kekeokan/; kidung sakral dina sawer mibanda ajen luhur
      Selasa pukul 22:25 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs kidung ngandung energi goib lelembut nu matak sok muriding carengkat sabulu bulu energi lelembut nu katarik ku alunan lagu jeung sora nu matak sakral oge
      Selasa pukul 22:32 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Bah naha dina Pupuh Pucung jig ka Lisung kalah newak Hayam Kekeokan Bah? Huahahaha. Bah ayeuna urang ngabahas LISUNG Bah...
      Selasa pukul 22:33 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs inget keur sakola sd ari dititah ngawih pupuh teh angger we bapa pucung ti kelas hiji tepi ka kelas genep teh teu ganti ganti/ dang kumaha mimitina make nga ed ka abah, terang timana ka abah?
      Selasa pukul 22:38 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Bah Abdi mah baheula mun titah nembang teh sok Pupuh Kinanti, Budak Leutik bisa ngapung. Mimitina Abdi hayang wanoh ka Abah maca'an ucapan si Mama Afghant. Harita Abah keur ngabahas bahasa PERWANTEN (PERWANTEN atwa PARAWANTEN) tah ti mimiti maca eta Bah, Abdi hayang wanoh ka Abah teh...
      Selasa pukul 22:46 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs perwanten parawanten sarua wae eta ngan saukur soal dialek basa wewengkon, aya nu nyebut perwanten aya nu nyebut parawanten : hartina jalma nu kudu meunang perhatian 'perwantian' nu kudu meunang idangan husus, jigana eta idangan teh baheula mah luhur pisan ajenna, saenyana ayeuna oge kitu ' malah semu nu wajib' , pangalaman abah kungsi meunang perwanten tina ladang ngadoa jeung ladang nyawer panganten budak adi padahal teu menta urang mah ngan geuning dipentingkeun ku canoli dipaksa kudu ditarima....
      Selasa pukul 22:56 melalui seluler ·

    • Adang Jhoni Nyak eta mah tos terang. Kaleresan Bah Abdi teh ayeuna mah asa boga deui Kolot bathin nyaeta Abah. Tiheula boga Kolot Bathin teh Abah Ndit nu sok Mantun. Ayeuna parantos ngantunkn urang sadaya 8 taun ka pengker.
      Selasa pukul 23:03 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs hehe nuhun ari aya mangfaatna mah, emut ka pun guru alm apih adiwijaya ' poma ulah jadi aki aki mubadir' cenah kitu amanat na teh ka abah, hartina mun urang ditanya hal ku jalma nu panderi ulah sagala ngabigeu teu boga jampe kabuhulan kabuhulan acan ceuk paribasana, kitu cenah saur anjeunna teh, ku ararisin da abah mah teu tiasa nanaon
      Selasa pukul 23:09 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Keun wae Bah ari perkawis etamah. Baheula Bah Abdi keur bolon inget keneh. Sok aya Aki Aki nu ngahaja ngurilingan lembur. Anjeuna unggal lawang panto imah sok gegerenyeman jajampean. Tah saanggeus na jajampean sok terus nyeumatkn mun teu salah Cabe beureum, bawang beureum bodas, panglay, koneng, jeung jukut palias. Eta teh d sebut na Aki SAWEN. Tah naon Bah eta Bahasa SAWEN teh? Di UBR mah tos teu aya. Duka pami d pilemburan mah.
      Selasa pukul 23:21 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs di daerah tanjungsari kulon suku gn manglayang jeung sabudeureunna aya keneh dina acara ritual hajat lembur muharaman ' tos dilaporkeun dina blog abah 'ritual hajat lembur pasir batu sukasari', sawen asal kecap sawian jadi sawen hartina luuhan ' ngaluhuuhan niungan mayungan ngajagaan beh dituna 'tumbal tolak bala', sawen pangjaring pangjaga 'tumbal'
      Selasa pukul 23:29 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Bray we Bah narembongan deui ayeuna mah. SAWEN = SAWIAN = NGALUUHAN. Tah ari RUAT (NGARUAT) naon Bah? Bilih tos tunduh mah wios enjing we Bah d bahas na.
      Selasa pukul 23:41 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs ruat ngaruat, ruat siram nyiram 'bisi tanah ieu sangar matak teu hade dilemburan matak teu alus pepelakan matak teu jadian ingon ingon; diruat ku cikahuripan sangkan hirup hurip berkah salamet, salamet nu dicicingan salamet anu nyicingan; maka ditumbal dijagaan ku cai beureum getih ngaranna; getih sato suku opat sangkan kuat pangjagana ti nu haru gangguna dedemit nu ngageugeuh mangka ulah arek haru ganggu akur meunang campur teu meunang, dianutkeun tapi masing masing ulah arek turut campur ka urusan manusa
      Rabu pukul 22:25 melalui seluler · · 1

    • Jajang Ridwan aduh., punteun bah ngiring ngabandungan ngiring mulung.. Wawasan ti sepuh
      Rabu pukul 22:36 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs rampes Jang; ah abah mah taya katiasa, mung pami sakinten aya mangpahatna mah abah kalintang bingahna, kitu manawi
      Rabu pukul 22:44 melalui seluler · · 1

    • Jajang Ridwan muhun bah eta adat teh ayna ka bandunga jeung ka alaman ku simkuring memang janten pertarosan dina manah teh mung teu ka kedalkeun.. Sabangsa perwanten, hajat lembur jeng nu sanesna...atuh kaleresan ku abah ayna dhguar.. Hatur nuhun bah..
      Rabu pukul 22:51 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs sami2 Jang, 'nyanggakeun sabrang salayan lebet ka cabe mah henteu, nyanggakeun hatur lumayan lebet ka hade mah henteu' ieu bahasan sok ngahaja diserat heula dina fb supados aya komunikasi: nu salajengna tiasa diaos deui dina blog abah, mangga kantun rajin ngaosna bilih peryogi mah sae difrin we, htr nhn
      Rabu pukul 23:00 melalui seluler · · 2

    • Adang Jhoni Bah, baheula pernah abdi ngadenge ti Kolot 2 abdi nu gs taya di kieuna, pernah ngadongeng ka abdi kieu : Bandungan Jang ku hidep jaga mah nu nyicingan dunya teh bakal ti balik. Nu buburuh teh bakal nu balenghar. Bakal buburuh Nutu, buburuh nyeuseuh. Baheula mah abdi keur bolon asa teu percaya kana eta dongeng. Tpi ayeuna kaalaman eta Dongeng teh nyata pisan ka alaman. Anu buburuh Nutu, atawa nu nyeuseuh teh loba jalma nu baleunghar ku Harta.
      Rabu pukul 23:21 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs muhun kumargi tos munul nutu dina lisung jaba lisung nage tos ditarokan di damel suluh: kentrung sora lisung ti pilemburan tinggal dongengna tutunggulan di nu kariaan dinu kawinan kantun waasna; tapi teu kitu sadayana sok kapendak keneh lisung dipipir imah najan geus ku rinyuh; jubleg kai kasilih ku jubleg batu pon kitu deui lulumpang, ngan ari halu mah angger keneh tia kai harikukun, kulantaran hal eta nya heleran nu manggung tepi ka kiwari, nu milu pareum jeung lisung teh 'bakatul' atuh lapur pais bakatul
      Rabu pukul 23:32 melalui seluler ·

    • Adang Jhoni Keur bolon mah pangabeuki Bakatul teh Bah. Malahan mah asa can lila, mun teu salah th 70 an, mun aya Samagaha teh sok ribut nakolan Halu ku Lisung. Nu Reuneuh d marandian. Tah nu resep mah mun ngamandian nu Reuneuh 4 bulan Bah. Hahahah
      Rabu pukul 23:41 melalui seluler ·

    • Jajang Ridwan muhun nyata bah ari cariosan sepuh mah sanes paisan kosong tapi cariosan anu di bungkus ku siloka.. Gening kanyataan nu lalega sawah teh bakal teu baroga leuit..
      Rabu pukul 23:41 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs caremna leuit di tatar sunda diantawisna ku robahna jinis pare; tina pare buhun ranggeuyannu umurna panjang genep bulan jadi pare 'hawara segon' nu umurna tilu bulan; bangsal pare segon teu kuateun lila disimpen sok meletuy lantaran pare diwowoy ku orea, beasna sami sok gamapang geuneuk, komo kejona sapeuting haseum, nu mamawi guna leuit tambah nyirorot nepi ka punahna aya oge tapi tos langka, kiwari lumbung paceklik lain eusina pare tapi bukti duit, nu matak 'peran leuit jadi leungit' , aya deui paribasa
      Rabu pukul 23:51 melalui seluler · · 1

    • Adang Jhoni Leuit jadi Leungit.
      Rabu pukul 23:54 melalui seluler · · 1

    • Wisahya Drs buncir leuit loba duit, leuit euweuh duit ludes, waragad tatanen onjoy teuing batan hasil tatanen loba rugi, patani tinggal daki
      Kemarin jam 0:01 melalui seluler ·

    • Adang Jhoni Sakuduna kaum Buruh henteu ripuh, anu Dagang sami sarenang, tukang Tani sugih mukti.
      Kemarin jam 0:11 melalui seluler ·