KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 12 Juni 2012

TUMPENG

TUMPENG: sangu koneng samarana uyah gula kalapa cipati sereh laja daun salam bawang bodas bawang beureum, eusina daging hayam tawa endog hayam tawa lauk teri, beas pare buhun diasakan dina hawu suluh make seeng make aseupan, mun geus asak ditamplokeun diwadahan ku boboko sangu ditutup ku daun cau, tumpeng raket patalina jeung rupa rupa salametan, tumpeng tihandap gede ka luhur nyungcung ngandung siloka 'kuat dadasar malar panceg' sok dipake ujuban ka karuhun 'tawis hormat ka luluhur' nu mulang ti payun.
· ·
    • Adang Jhoni Bah naha lolobana Sangu Tumpeng warna na Koneng? Enya Koneng eta mah pan make samara Koneng. Ieu mah naon silib sindir, Siloka na Sangu Tumpeng warna Koneng?
      14 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs tumpeng nu jadi lulugu disimpen di tengah tengah diamparan lawon bodas tanda beresih pamaksudan diriung ku rupa rupa kaolahan tina beas opak wajit raginang ulen gegeplak angleng kelepon papais cau; sesepeun lemareun tektek bako tampang dun kawung surutu cikopi pait amis ci teh ci herang kekembangan seuseungitan rurujakan duwegan kalapa hejo 'tawis kabinangkitan', parukuyan ngelun meledek nu jadi cukang mangnepikeun du'a permuhunan rasa sukur sareng pangdu'a ka Nu Maha Agung menta salamet dunya aherat......
      14 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs koneng teh lambang kadunyaan nu ngagugunung 'emas' hartina nyuhunkeun kaberehan ' saeutik mahi loba nyesa sing bisa mere maweh ka kulawarga ka sasama', kitu ce
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Tah Bah, ari Parukuyan teh hiji wadah nu eusina Ruhak areng nu hurung. Sok terus d awuran menyan ngarah meledug haseup na jeung seungit. Bener nyak Bah?
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs ari seuneu perlambang haneut tawa panas pan aya ciherang tea dina botol perlambang hurip ari haseup perlambang hirup nya renghap tea, jeung ari eta haseup cukangna do'a ujuban pamaksudan nu ditujukeun ka nu maha ngersakeun nu ngusik malikkeun nu ngayugakeun siang wengi, numawi mangkahade dina rekes ujuban bilih tisorodot omong tisoledat letah, ' numawi sok ditungtungan ku kecap paralun bilih langkung saur bahe carek biwir teu diwengku letah teu tulangan paralun neda agung cukup lumur neda jembar pangampura'
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Bah ari nu d sebut KIDUNG naon Bah? Naha asup kana Tembang atawa Pupuh Bah?
      13 jam yang lalu melalui seluler ·
    • Wisahya Drs saenyana kidung tembang jeung pupuh boga patokan masing masing ' kabeh oge syair lagu' ucapan nu dikawihkeun nu boga patokan pek tengetan sing daria
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Naon wae Bah patokan na Kidung, Tembang & Pupuh. Jeung Naha Kidung mah sok d tembangkn d acara nu Sakral?
      13 jam yang lalu melalui seluler ·
    • Wisahya Drs Tengetan tina ungkara kalimahna: kidung murwakanti ' bul kukus mendung kamanggung ka manggung/ ka manggung neda papayung/ sora tuntung ung; tembang sunda cianjuran dina lagu papatet ' daweung diajar ludeung menak ti pajajaran...; pupuh boga patokan sora tungtung dina pupuh pucung ' bapa pucung iketna dirancung rancung/ jig ka warung meuli bako jeung dun kawung/ jig kalisung newak hayam kekeokan/; kidung sakral dina sawer mibanda ajen luhur
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs kidung ngandung energi goib lelembut nu matak sok muriding carengkat sabulu bulu energi lelembut nu katarik ku alunan lagu jeung sora nu matak sakral oge
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Bah naha dina Pupuh Pucung jig ka Lisung kalah newak Hayam Kekeokan Bah? Huahahaha. Bah ayeuna urang ngabahas LISUNG Bah...
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs inget keur sakola sd ari dititah ngawih pupuh teh angger we bapa pucung ti kelas hiji tepi ka kelas genep teh teu ganti ganti/ dang kumaha mimitina make nga ed ka abah, terang timana ka abah?
      13 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Bah Abdi mah baheula mun titah nembang teh sok Pupuh Kinanti, Budak Leutik bisa ngapung. Mimitina Abdi hayang wanoh ka Abah maca'an ucapan si Mama Afghant. Harita Abah keur ngabahas bahasa PERWANTEN (PERWANTEN atwa PARAWANTEN) tah ti mimiti maca eta Bah, Abdi hayang wanoh ka Abah teh...
      12 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs perwanten parawanten sarua wae eta ngan saukur soal dialek basa wewengkon, aya nu nyebut perwanten aya nu nyebut parawanten : hartina jalma nu kudu meunang perhatian 'perwantian' nu kudu meunang idangan husus, jigana eta idangan teh baheula mah luhur pisan ajenna, saenyana ayeuna oge kitu ' malah semu nu wajib' , pangalaman abah kungsi meunang perwanten tina ladang ngadoa jeung ladang nyawer panganten budak adi padahal teu menta urang mah ngan geuning dipentingkeun ku canoli dipaksa kudu ditarima....
      12 jam yang lalu melalui seluler ·
    • Adang Jhoni Nyak eta mah tos terang. Kaleresan Bah Abdi teh ayeuna mah asa boga deui Kolot bathin nyaeta Abah. Tiheula boga Kolot Bathin teh Abah Ndit nu sok Mantun. Ayeuna parantos ngantunkn urang sadaya 8 taun ka pengker.
      12 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs hehe nuhun ari aya mangfaatna mah, emut ka pun guru alm apih adiwijaya ' poma ulah jadi aki aki mubadir' cenah kitu amanat na teh ka abah, hartina mun urang ditanya hal ku jalma nu panderi ulah sagala ngabigeu teu boga jampe kabuhulan kabuhulan acan ceuk paribasana, kitu cenah saur anjeunna teh, ku ararisin da abah mah teu tiasa nanaon
      12 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Keun wae Bah ari perkawis etamah. Baheula Bah Abdi keur bolon inget keneh. Sok aya Aki Aki nu ngahaja ngurilingan lembur. Anjeuna unggal lawang panto imah sok gegerenyeman jajampean. Tah saanggeus na jajampean sok terus nyeumatkn mun teu salah Cabe beureum, bawang beureum bodas, panglay, koneng, jeung jukut palias. Eta teh d sebut na Aki SAWEN. Tah naon Bah eta Bahasa SAWEN teh? Di UBR mah tos teu aya. Duka pami d pilemburan mah.
      12 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs di daerah tanjungsari kulon suku gn manglayang jeung sabudeureunna aya keneh dina acara ritual hajat lembur muharaman ' tos dilaporkeun dina blog abah 'ritual hajat lembur pasir batu sukasari', sawen asal kecap sawian jadi sawen hartina luuhan ' ngaluhuuhan niungan mayungan ngajagaan beh dituna 'tumbal tolak bala', sawen pangjaring pangjaga 'tumbal'
      12 jam yang lalu melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Bray we Bah narembongan deui ayeuna mah. SAWEN = SAWIAN = NGALUUHAN. Tah ari RUAT (NGARUAT) naon Bah? Bilih tos tunduh mah wios enjing we Bah d bahas na.
      12 jam yang lalu melalui seluler · · 1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar