KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 04 Juni 2012

KIWARI LOBA NU GEULIS JEUNG NU KASEP

KIWARI LOBA NU GEULIS JEUNG NU KASEP: kapungkur saetragan mamang hese neangan nu geulis tawa nu kasep teh barudak teh laladeg lagedu dina bitisna loba daki heug sok diruru ku batu walungan ari tas guyang di leuwi mani sok luduh, raray dikasay ku kalakay daun balingbing tawa ku kalakay daun muncang kara rada enyany enyany caang, da harita mah jaman mamang barudak teh mindeng ulin leutak di kotakan ngarit ngala suluh ngangon domba tawa sapi matak pantes mun lalagedu teh, ari ayeuna barudak teh mani caraang..
· ·
    • Wisahya Drs mamang sok milu macul komo mun ngagaru mah resep sok tumpak garu, tuluy mun ucul sok ngamandian sapi di walungan bari guyang tuluy sapina diangon balik burit mun sapi geus bucitreuk seubeuheun nyatu, geus mandi tuluy dahar memeh dur magrib geus indit ka tajug tuluy nadoman memeh dur magrib, dur bedug ngong adan cong solat magrib berjamaah ngamum ka guru nu jadi imam beres wiridan tuluy sasalaman narangtung bari maca selalloh ala muhammad solalloh ala wassalam, dipungkas ku allohumma solliwassalim wabbarik..
      Jumat pukul 9:54 melalui seluler ·
    • Dirga Don Onteezh sumuhun, dinten kiwarima geulis sareng kasepna ge ngan ukur polesan kang, teu sapertos kapungkur alami saurna teh luar sareng jerona......hehehehe
      Jumat pukul 9:55 · · 1
    • Wisahya Drs allaih, tuluy ngaji tuluy diwuruk tepi datang waktu isya, tas isa sok dipangdongengkeun ku guru jeung kunu galede dongengna rame, tara balik sok tuluy ngendong di tajug, tepi ka ayeuna geus incuan sok ngendong keneh di tajug ngan tibalik ayeuna mah mamang nu ngawuruk jeung ngadongeng teh itung itung mulangkeun ka pun guru diwiridkeun deui ka barudak nu pandeuri, bareto mah dina sarung jeung kolor teh loba tuma mani neep matak cangkeng teh sok budug balas dicoco tuma, balik isuk tas salat subuh tuluy sakola
      Jumat pukul 10:02 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs mandi di pancuran tara disabun ngosok huntu ku bubuk kenteng ku daun eurih kuramas ku taneuh porang ngaruru suku ku batu, sakola nyeker tara disapatu leumpang ngabring jeung babaturan, tara ieuh jajan mun hayang nginum nenggak ci pancuran mun istirahat tara nyeri beuteung, kaasup calakan pinter da sok nemor hiji wae ti kelas hiji keneh, geus sakola lanjutan aya aljabar tah ku eta mah taluk tukang ditangtungkeun nepi kaayeuna oge teu apal wae rumus abc teh, mun maca hayulah nurutan gaya soekarno oge sanggup
      Jumat pukul 18:24 melalui seluler · · 1
    • Dirga Don Onteezh naha moal arateul kitu kang?
      Jumat pukul 18:26 · · 1
    • Wisahya Drs budak awewe purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo jeung nyeuseuhan mun nyeuseuhan kapeung sok diwalungan minangka ngageulis nateh sok make wedak saripohaci tawa wedak papagan asem dikerik tapi matak lemed kana kulit beungeut buukna make minyak keletik nepika leucir, budak lalaki make minyak lavender cap dengkak ayeuna oge aya keneh diparake keneh ku budak baheula kolot ayeuna,sok ngagolep nyisiran nyiripit buukna lengket ngahiji dipolkana dempes handapna luhurna panjang nyisiranna dideplekeun kakenca
      Jumat pukul 18:32 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs budak awewe purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo jeung nyeuseuhan mun nyeuseuhan kapeung sok diwalungan minangka ngageulis nateh sok make wedak saripohaci tawa wedak papagan asem dikerik tapi matak lemed kana kulit beungeut buukna make minyak keletik nepika leucir, budak lalaki make minyak lavender cap dengkak ayeuna oge aya keneh diparake keneh ku budak baheula kolot ayeuna,sok ngagolep nyisiran nyiripit buukna lengket ngahiji dipolkana dempes handapna luhurna panjang nyisiranna dideplekeun kakenca
      Jumat pukul 18:32 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs tah kitu gambaran taun genep puluhan malah harita mah aya keneh budak awewe lalaki bulucun mun ulin teh leho nongtoto hejo, da tara diharu ganggu hare we sakitu sidik nyemprit sugan hayang nyabak da hanteu, tapi lamun keur guyang di walungan sok resep kokodok kanu budak awewe teh da sok sing gerewe careurik tapi anehna tara hanjat, da mun bener embung mah mabur nya, jeung moal deui diajak guyang di walungan, barang dahar saayana tibang jeung pait tutut kini kini ngala ti sawah sok loba nu nyair impun ngurek
      Jumat pukul 18:40 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs tapi budak harita etragan mamang sarehat we, mun peuting malem tanggal opat welas sok ngabungbang mulan di buruan maen ucing sumput, susumputan jeung budak awewe sok resep naklok kana bujurna haneut, jeung sok noong nu ayar panganten diajak ku nu galede , teu kuat sok ngarempeyek jeung teu kuat sok ngabarakatak tuluy ngabecir sok dibuburak ku kolot , da harita mah imah bilik katingali mun noong teh, mamang basa anyaran boga pamajikan padahal geus imah tembok sok aya nu noong tina erang erang tawa kaca .....
      Jumat pukul 18:48 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs nyaho aya nu ngintip sing kedepruk di pipir sok dihajakeun diperewengkeun, minangka kalangenan budak kampung natrat inget keneh tepi ka kiwari sok waas. narajang ari ayeuna jaman geus robah kacida, da barudak ayeuna mah rek teu geulis teu kasep kumaha gawe HARDOLIN , teu belul ngejo ngejo acan jajauheun ka macul mah, teu beukieun guyang leutak, matak pantes kulitna bareresih barodas barangdahar ngareunah nu bergiji wungkul matak bongsor tarereh gede, gawe ukur ngagimbung di warney atawa kerja kolompok,....
      Jumat pukul 18:55 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs mamang kungsi nitenan partisipasi anak terhadap kegiatan pertanian keluarga tani, da hese manggihan budak nu daek tandur tawa macul, aya namah aya ngan persentasena leutik pisan, tuluy unggah ka swalayan jeung warnet tah di dinya barudak loba mani neep kawas turaes, nu matak pantes mun budak ayeuna kulit barodas bareresih sarareungit oge da tara guyang leutak tara papanasan sakola oge mumul leumpang najan deukeut oge kudu tumpak ojeg wae tawa kana motor sorangan, nu matak beya budak awewe sabenerna leuwih
      Jumat pukul 19:11 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs DIRGA, nya tara arateul da geus biasa tara disabun da harita mah sabun seungit disebut nu paranti mandi teh can mahabu kawas kiwari salah mah harita nyeuseuh oge da make daun gedang jeung daun nilem, daun gedang malar luduh jeug budah, daun nilem malar sengit, daun nilem tawa nilam kiwari sok disuling diarah minyakna pikeun bahan kosmetik, mamang mikir mun barudak geus mumul guyang leutak nya saha nu rek jadi patani sah nu rek nyawah nu rek ngebon, mangkaning patani geus karolot, nya engke nek dahar naon?
      Jumat pukul 19:21 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs CEKAPNYA SAKITU?
      Jumat pukul 19:22 melalui seluler ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar