KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 27 Januari 2018

Panyusuhan




Panyusuhan
Tina sempalan hikayat dayang sumbi kacaritakeun dayang sumbi nuju alit nyusul nu janten rama digandong ku ibuna, bagong putih ti gunung putri di lebah cipasang meuntas walungan. ti dinya kebat ngaler anjog di sisi walungan lebah gunung surian. saparantos diecagkeun tina tonggongna,  ibuna nyaur ka dayang sumbi "ema tepi kadieu nganteurna, jung geura meuntas walungan tuluy papay jalan anu lempeng, engke bakal tepung jeung nu jadi bapa," dayang sumbi saparantosna dikantunkeun ku ibuna lajeng meuntas walungan, tidinya mapay jalan anu lempeng cepet ngulon, nya anjog ka panyusuhan, tepang sareng  ramana. (Panyusuhan asal kecap tina Panyusulan).