KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Minggu, 27 Mei 2012

Ku Mamang Sadayana Di Du'akeun

ku mamang sadayana didu'akeun: sing salamet bahagia dunya akherat sing cageur beuteung waras badan pait daging pahang tulang dicukupkeun rejeki saeutik mahi loba nyesa sing bisa meremaweh ka sasama nu tani sing mucekil hasil tanina nu dagang sing untung tur halal nu buburuh sing cukup upahna nu jeneng pns sing tereh naek pangkatna nu sarakola masantren sing caang padang hatena encer uteukna nu pangantenan sing geura boga turunan nu soleh nu jaromblo sing geura mareunang layan meh talengtrem hatena, aamiin.
· ·
    • Nenk Zesi aya nu kirang mang, Ditambihan nya, nu Masih jadi THL sing enggal janten PNS..
      amiiin..
      21 Mei pukul 5:42 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs atuh nya kitu deui nu teu damang sing enggal damang nu keur pacogreg sing akur deui nu keur ngahonor pusat jeung daerah sing geura diangkat jaradi pagawe nagri nu baroga hutang sing geura kabayar hutang nu teu boga duit sing aya nu mere duit nu keur kasepian sing geura kahaneutan nu medit sing jadi berehan nu can munggah haji ka tanah suci sing geura kaduga munggah hajina nu mandul sing enggal dipercanten gaduh turunan nu goreng adat sing sae adatna nu can saroleh hatena sing enggal disolehkeun hatena...
      21 Mei pukul 5:50 melalui seluler · · 1
    • Rahmat Setiawan anu maot mah ulah gugah deui nya . . tos tentrem di alam kubur pokona jurig nyingkir setan nyingkah . . hehehe !
      21 Mei pukul 6:07 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs pon kitu deui anu manjing hartana sing geura ngaluarkeun zakatna nu can daraek ngadegkeun shalat sing geura daraek salat pon kitu deui puasana cenah eta bisi aya nu hayang nambihan boh sawah kebon jeung mobil sing geura nambahan, anu salajengna bisa aya nu hoyong nambihan bojona kalawan mupakat bisa adilna tur sanggup nganapakahan lahir batinna bral ku mamang didu'akeun sing tinekanan pamaksadanna malaur loba parawan randa nu harayang baroga salaki nu masih keneh ngontrak imahna sing geura baroga imah...
      21 Mei pukul 6:15 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs ya robb mugi gusti ngaijabah kana do'a pamaksadan jalmi jalmi nu saroleh tapi nu saraena wungkul nu awonna mah ulah ah abdi teu tanggelwaler, manawi sareng wanawi abdi kacipratan berekahna, aamiin ya Alloh ya robbal alamin...
      21 Mei pukul 7:48 melalui seluler ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar