KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Kamis, 24 Mei 2012

lawang imah:

lawang imah: rupa rupa lawang imah, aya nu hiji aya nu dua aya nu tilu aya opat, ari perenahna lawang imah nu hiji hareup, nu dua hareup tukang, nu tilu hareup tukang gigir, nu opat hareup tukang gigir salasahijina aya nu dobel sok disebut oge ngolecer' nu panto hiji disut ngaliang kasir,nu panto dua disebut ngaliang beurit aya pangparatan, model imah sunda kuno lawang hiji, kabehdieunakeun lawang dua tuluy tilu lawang opat mah jarang, lawang hiji nagowok pabeulit di lawang panto antara asup jeung kaluar
· ·
    • Cheppi Remaja Masa Kini tong cicing di lawang bisi nongtot Jodo
      21 Mei pukul 19:01 · · 1
    • Wisahya Drs lawang hiji riweuh mun boga hajat tawa kapapatenan, tapi hade keur kaamanan sagala rupa moal bisa 'lewat jalan dapur' da euweuh, alus keur nu nagih tinggal nungguan dihareupeun lawang nunggu kaluar, hade keur nu nganjang tinggal nyedekeun ka juru da moal bisa ngeplos, lawang hiji kiwari diparake deui model lawang di perumahan jeung di kota da puguh lahanna rupek kaburu adek jeung tatangga, tapi aneh teu pati diperhatikeun teu cara ari manggih imah di pilemburan nu model heubeul sok jadi perhatian malah sok
      21 Mei pukul 19:12 melalui seluler · · 1
    • Cheppi Remaja Masa Kini Paingan babaturan wing ngeKOSna sok di perumahan wae... da pantona ngan hiji,, babari ker nyedekeun mereunan... ngan paur we mun di tagih hutang heg sok nganjukan wae da cenah....ari masalah bangsat, da naon nu rek di paokna.. paling ge hihid jeng goreng teri.... eh tapi punten
      21 Mei pukul 19:28 · · 2
    • Ela Wungkul gkgkgkgkgkgk
      21 Mei pukul 19:31 · · 1
    • Wisahya Drs panto dua lumrah dipake tepi kakiwari panto hareup jaeung panto pawon, model nu ieu leuwih maju samodel liang beurit atawa liang belut aya pangparatan, ari nu lawang hiji mah model liang kasir ngagowok, model ieu teu riweuh mun boga hajat tawa papaten, tapi kurang aman nyeta nu tadi tea sok aya kasebut jalan dapur tea, jeung goreng keur nu nagih ditungguan di hareup ngeplos ka tukang, tapi hade keur nu ngeclok beas bisa langsung ka dapur tawa keur nu nyoro dahareun, keur nu nganjang oge alus eta teh,
      21 Mei pukul 19:47 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs urang teraskeun pamengnya, demi lawang imah nu tilu lawang tea minangka embohna sok aya digigir keca tawa katuhu, tawa lawang dapur dua; lajeng lawang opat hareup tukang gigir pada gigir disebut lawang ngolecer, teu hade nu ngeusian eta imah sok ngagerebeg sok siwah da lieureun kapuihkeun ku kolecer kana pikiran muter kumaha we kolecer, teu hade dipake lawang opat mah. sakitu ce.
      21 Mei pukul 20:21 melalui seluler ·
    • Cheppi Remaja Masa Kini untung 5 eunk, 6 jeng garasi
      21 Mei pukul 20:37 · · 1
    • Wisahya Drs dipenta nope ketua kelompok pedah can digugu nek nurutan pertanian meureun sms centre jigana mh
      21 Mei pukul 20:40 melalui seluler ·
    • Cheppi Remaja Masa Kini tadi teh aya Mr Jekrem... bisi nitah jadi we lalumpatan birat ka wilbin masing masing
      21 Mei pukul 20:42 ·
    • Wisahya Drs pdhl di dagoan aya artis lb mnta tanggung jawab
      21 Mei pukul 20:44 melalui seluler · · 1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar