KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 07 Mei 2012

hariringkeun; / di cadaspangeran

hariringkeun; / di cadaspangeran kuring osok solawatan/ di cadas pangeran kuring osok hadiahan/ ka pangeran kornel sareng ka para suhada/ nu nektre batu nepi ka loba nu tatu/ teu sakadar kitu rewuan korban di dinya/ cadas dibobok nu aya di beulah luhur/ hanjakal pisan ciciren aya nu nugar/ ku jalma bodo nu teu nyahoeun ajenna/ heug waeh lapur kiwari tinggal sapasi/ budak ayeuna bongkor moal nyarahoeun/eta prasasti nu kawentar kamana mana/cadas pangeran kiwari teu asli deui/ nu jadi lantaran cirina kungsi di
· ·
  • Fitria Caby dan 12 orang lainnya menyukai ini.
    • Wisahya Drs
      ‎/ nu jadi sabab lantaran cirina leungit/ pangeran kornel kungsi ngalawan ka danles/sabab rahayat loba pisan nu palastra/ nu jadi lantaran hese lapar nyieun jalan/pangeran kornel nampi salaman ku kenca/danlesna wera ka pangeran ti sumedang/...panangan kanan nyepeng duhung siap tempur/soca muncereng hurung batan mata meong/tuan danles ngahodhod teu walakaya/ lajeng anjeunna nyaur ka pangeran kornel/ kunaon atuh anjeun teh pangeran/ asa kakara ditampa salam ku kenca/ rewuan rayat di dieu ngadon paraeh/ ...Lihat Selengkapnya
      Sabtu pukul 6:40 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs
      ‎/kula teu mikeun mun rahayat kula ledis/ kajeun teuing bolay batan rayat kula beak/mun teu dibantuan ieu duhung nembus jantung/danles misaur heug atuh ku kula dibantu/ danles marentah ka soldadu ti batawi/ ka cadaspangeran pikeun tugas nyi...eun jalan/nya ti harita zipur bareng reujeung sipil/ nganggeuskeun jalan babarengan sarerea/ jalan dirobah jadi pindah kana gawir/gawir batu nu nangtawing dicowak dijieun jalan/ jalanna nyagak tapi anggeur tepung gelang/jalanna endah lungkay lingkeuy jiga oray/hanjakal...Lihat Selengkapnya
      Sabtu pukul 6:55 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs
      hanjakal pisan endahna hanteu katingal/sabab pernahna dihapit ku dua pasir/ lamun ngaliwat ka ieu jalan geueuman/ seug anu matak montong otel bobogohan/ bisi kawalat ku arwah para suhada/ nu leuwih hade maneh kudu babacaan/ geura doakeun ar...wahna para suhada/sangkan aranjeunna dihampura lebet surga/cadas pangeran di handap aya walungan/cadas pangeran loba sato tutuwuhan/ lebak cipeles katutup ku awi ater/ cadas pangeran cimata para suhada/ngeclak di dinya natrat tepi ka kiwari/ cadas pangeran batu curi nu diLihat Selengkapnya
      Sabtu pukul 7:10 melalui seluler ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar