KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Kamis, 24 Mei 2012

ngarumat sirah cai

ngarumat sirah cai; dina sirah cai loba tutuwuhan nu pendek tepi ka nu jangkung kabehanna nu ngandung cai saperti; rupa rupa jujukutan, rupa rupa tataleusan bolang kareo papakuan leutik jeung papakuan gede rupa rupa awi tamiang kawung loa caringin ki hujan koang tangkal cau, eta tutuwuhan teh nu sok hirup di sirah cai jeung matak loba cai, sirah cai kudu bala 'ramosbos' mun hayang tetep loba caian 'bacrek' ulah digundulan 'lenang' matak saat caina, sirah cai kudu cena ngabalong keur tempat hirup lauk....
· ·
    • Wisahya Drs loba rupa rupa lauk nu hirup di sirah cai mun eta sirah cai ngabalong, jadi sirah cai teh sajaba ti sumber cai nu dipikabutuh keur kapentingan hirup jeung tatanen oge mangrupakeu habitat atawa tempat hirup rupa rupa lauk alam saperti jinis impun beunteur bogo lele, jsb, sirah cai boga sipat jeung watek masing masing aya sipat sirah cai nu biasa aya oge sipat sirah cai nu sok dikaramatkeun utamana sirah cai anu bijil di situs makam karamat, sirah cai boga watek sewang sewangan aya no sok disebut ciasihan ..
      Selasa pukul 8:44 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs cikahuripan cikawedukan jrrd, gede leutikna cirah cai gumantung kana kaayaan alam gumantung kana tutuwuhan nu hirup di sabudeureunana, aya sirah cai anu mayeng najan leutik tapi tara saat, aya sirah cai anu gurset nu bijil dina usum hujan saat dina usum halodo, cara ngarumat sirah cai sangkan tetep bijil cai kalayan mayeng nyaeta di sabudeureunana kudu bala kudu aya tutuwuhan jeung poma sabangsaning tutuwuhan nu geus nyampak ulah rek dibabad da memang sipat sirah cai kudu saperti kitu, sirah cai saenyana...
      Selasa pukul 8:53 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs ulah ditohtor saperti anu dipigawe ku para pangawasa kana eta cai sok make kaptering bari jeung tara ditolih kaayaan kakayon disabudeureunana, cai teh mahal hargana luhur ajenna, mun sirah cai nungtut saraat kahirupan tangtu balangsak, luluhur geus merhatikeun kana kagunaan sirah cai geus mikirkeun kumaha car ngarumat sirah cai nu matak diterapkeun metoda pamali tawa larangan, diantarana pamali nuar kakayon pamali ngala lauk di sirah cai, eta sakabeh ngandung makna pelestarian kasaimbangan ekosistem,.......
      Selasa pukul 8:59 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs ngan kadang sok salah ngamaknaan teu ditolih makna pesan anu diturunkeun ku para luluhur sok dirempak, antukna loba sirah cai anu saat tawa tuhur, sirah cai kudu meunang pangajen anu luhur sabab eta sumber kahirupan flora vauna jeung bang manusa sakabeh nyarande kana cai, pikeun ngarumat sirah cai hal nu teu sapira, pira menta rembet ku kakayon sabab aya gawe akar kakayon nu bisa ngatur sirkulasi tata air secara alami anu mantuan ngarumat ngalestarikeun malar siarah cai boga fungsi anu maneuh cai tetep aya.
      Selasa pukul 9:05 melalui seluler ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar