KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Rabu, 18 Januari 2012

NGARUMAT NU KAKANDUNGAN

Mani maningkem hiji ngaherang dua ngalenggang tilu gumullung opat mangrupa lima usik genep malik tujuh kolot dalapan ngora salapan tumpak dibaga kasapuluh medal ka alam dunya.  Nu ngandeg rea pantrangannana diantarana teu meunang ngewa kanu goreng patut atawa goreng lampah, teu meunang suaban sasauran, teu meunang peupeuncitan kajaba kudu amit-amit (amit-amit jabang bayi ulah saturut-turutna) bari beuteung di usap. mun aya samagaha jeung lini kudu di angir mandi, kudu make tumbal seuseukeutan sapertos peso tikel alit nu digantelkeun dina kutang atawa baju nu reuneuh. nincak 7 bulan, hajat 7 bulan make rujak bebek 7 rupa di wadahan kana coet 7 make cempor, make kukular di wadahan dina nyiru make cai kembang tujuh rupa, tumpeng daging hayamna ulah meunang meuncit dinu hajat 7 bulan kudu meunang meuli wae atawa bisa di ganti ku endog. rujak bebek dibagikeun ka barudak, ku barudak di tukeuran ku duduitan tina talawengkar atawa kenteng peupeus.cai kembang nu meunang nyalametkeun dipake siram nu gede beuteung di buruan di samping 
seret dada. nincak 9 bulan brol jabang bayi lahir ka alam dunnya di bantu ku ma paraji, tali ari-arina di teukteuk ku hinis, balina sok dilayarkeun ku palayang ka walungan sok mendung di payung tuluy bali di simpen didasar leuwi diheumpikan batu gede, mun teu kitu diwadahan kana kendi tawa kana ruas awi santen disamaraan make gula meh budak amis budi tuluy di ruang sok didamaran mun peuting, sok di siraman mun beurang salila 7 poe.atawa saumur puput puseur, nu ngalayarkeun bali sok di tebus ku duit jeung ku pakean. indungna dipiara diurut ku ma paraji tepi ka mahinum, salila eta sok dihibur ku macapat beluk salila saminggu, sapuput puseur, budak dingaranan nu hade, diitung nurutkeun weton.
ema paraji (indung beurang) sok dihurip ku hayam sasapihan. barang brol orok di adanan jeung di komatan ku bapana atawa ku akina, sarengsena orok di mandian tuluy di bedong tuluy diwadahan kana ayakan terus 
   ditenjrag dina palupuh; kieu : mimiti disebut poe lahirna upamana lahir poe ahad, ahad gujrag jadi beas nu di wadahan ku unem nepi ka manca wura di tenjrag ku halu talupuhna, orok sok ngarenjag ngoceak reuwaseun, senen, salasa, rebo, kemis, juma'ah, saptu gujrag beas jeung duit receh dina unem nyamirat ngeplos kana conggang di pulung ku budak di kolong. terus dipepelingan di papay ku pancadria tinu pangluhurna mimiti tina panon, tong satenjo-tenjona mun lain tenjoeunana, tuluy kana irung, tong saambeu-ambeuna mun lain ambeueunana, tuluy kana ceuli, tong sadenge-dengena mun lain dengeeunana, tuluy kana baham, tong saomong-omongna mun lain omongkeunnana, tuluy kana leungeun, tong sacabak-cabakna mun lain cabakeunana, tuluy kana larangan, tong sa.......na mun lain.........eunna, tuluy kana suku, tong satincak-tincakna mun lain tincakeunana, tenjrag pamungkas satarikana, indungna ngagurinjel, orok ngadengek tuluy di rawu ku ma paraji orok ditangkeup 
ditimbang di bebenjokeun deudeuh anaking nu geulis/nu kasep sing jadi jalma soleh tuluy di sodorkeun ka indungna nu geus meunang ngamandian, nu geus nyanda di pa enggonan tengah imah, sukuna diteueulkeun kana batu panyandaan, ku indungna di tangkeup di hadiah cai susu munggaran orok ngalempreh tibra.Cuplak puseur dina 3 poe atawa 7 poe, tuluy nyalametkeun puput puseur, puseur anu geus puput di wadahan kana kanjut kundang di baturan ku benggol, cariu, kunci, emas di tambah ku surat kalahiran jeung peso tikel nu sok dipake keur ngandeg. nincak 40 poe hajat mahinum,nyieun bubur pahinum jeun rujak sereh nyalametkeun sapuratina, didieumah meunang peupeuncitan orok di cukuran buukna di tukeuran ka emas sabeungbeuratat buuk di pasihkeun ka ema paraji di barengan ku hayam sasapihan nu di sebut ngahuripan hajat 40 poe oge sok disebut hajat  neang  gumurih, dina wanci ieu oge sok sakalian di sunatan mun lalaki, di gusaran mun awewe.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar