KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Jumat, 20 Januari 2012

Lenyepaneun

Sapanjang urang gumelar
ulah kendat nya ihtiar
elmu tungtut dunya siar
nu awon wajib disinglar.

Mun nyaho bejaan batur
mun boga berean batur
mun kaduga bawaan batur
mun wasa ajakan batur,

Rejeki halal ladang tani
rejeki halal ladang dagang
rejeki halal ladang buburuh
rejeki halal ladang menta.

Elmu teu beurat nyunyuhun
pangabisa teu hese mamawa
pangaweruh gawe nu weruh
pangarti gawe nu ngarti.

kajeun panas tonggong batan panas beuteung
kajeun teu boga batan boga beunang basilat
kajeun leutik asal mayeng
kajeun cape asal halal.





Amal ku elmuna
amal kuhartana
amal ku tanagana
amal ku duana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar