KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 21 Januari 2012

Hahaha..............

Tarikolot bojongkaso babakan rea hayamna
beuki kolot beuki nyoso beuki rea kahayangna.

Takokak daun takekok daun mara diguntingan
barudak ulah carekcok aya kuda gugulingan.

Kini kini kuang kuang akot akot peupeundeuyan
nini nini karek hudang dibekok peupeureudeuyan.

Kikinciran dina leuwi kokojayan di muhara
pipikiran asa ngimpi ari ras ku disasangsara.

1 komentar: