KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 14 Agustus 2012

MAKUTA BINOKASIH

Wisahya Drs
9 Agustus
Dimana ayeuna MAKUTA BINOKASIH nu asli ayana????
Naha enya nu ayeuna aya di musieum sumedang eta nu ASLI
Foto: Dimana ayeuna MAKUTA BINOKASIH nu asli ayana???? Naha enya nu ayeuna aya di musieum sumedang eta nu ASLI
Batal Suka · · Bagikan

Anda, Laura Vargas Arce, EdeLweiss San Romero, dan 10 orang lainnya menyukai ini.
Bayawak Penasaran makuta binokasih teh patilas gagaduhan saha kang..????
9 Agustus pukul 22:32 · Suka
Wisahya Drs kagungan Raja Sunda anu dimandatkeun ka Sumedang Larang pikeun neraskeun Karajaan Sunda anu runtag, Sumedang Larang saterusna sok aya nu nyebat Karajaan Pajajaran II
9 Agustus pukul 22:35 · Suka · 1
Permana Jati numutkeun sabagian carita pantun,enya makuta binokasih sangHYANG pake nu di kasumedangkeun sanes nu aseli,da nu aseli ditukeurkeun ku jaya perkosa(sura wicesa),

eta kamari parantos dibahas waktos gempungan para tokoh budayawan+sajarawan,
meunang hasil :
*naha enya surawi cesa wani nukeur makuta binokasih nu dititah ku raja pajajaran pamungkas(prebu seda),kapan sura wicesa teh di pajajaran raja,naha raja wani udar tina tali gadang?,
wani nukeur makuta nu aseli kana tiruan.

*atuh pami kitu waktos tragedi dayeuh luhur pamundungan,sura wicesa ngadat pajarkeun teu satia satuhu,padah ningalkeun kutamaya,

tidinya ditarik,saha nu teu satia satuhu teh,?
atuh nu kudu dicarekan teh sanes raja,tapi sura wicesa(da wani nukeur makuta nu asli kana tiruan),pun
9 Agustus pukul 22:38 · Suka · 1
Wisahya Drs ke ke ke... Lebah dieu Mamang can maphum
9 Agustus pukul 23:03 · Suka
Bayawak Penasaran sok buka atu lalakon na atuh kang...!
9 Agustus pukul 23:04 · Suka
A R Suteja cing atuh langsung sae pedar nun...
9 Agustus pukul 23:15 · Suka
Wisahya Drs Raja Sunda Pajajaran masrahkeun karajaan ka Sumedang Larang. supaya Kajan Sunda tetep aya, buktina ku cara masrahkeun saperangkat alat karajaan Makuta sareng Anggean Kebesaran Karajaan, nu dipasrahkeun ku opat utusan sareng rombongan. Harita nu diistrenan Jeneng Nalendra nyaeta Rd.ANGKA WIJAYA putra Pangeran Santri caroge Ratu Istri Pucuk Umun,Laju Rd. Angka Wijaya saparantos dilantik janten Raja Sunda dileler gelar PRABU GEUSAN ULUN
9 Agustus pukul 23:24 · Suka · 1
Wisahya Drs Diantawis rombongan eta, aya salasawios Putra Makuta Raja Pajajaran anu ngiring, anu salajengna ku Raja Mandataris diperenahkeun di Kampung Serang, anjeuna merdika teu tiasa ilubiung kana urusan Karajaan Mandataris tea, di Kampung Serang aya BUK anu masih dirawat dugi ka ayeuna...
9 Agustus pukul 23:37 · Suka
Wisahya Drs Teu mangkuk sababaraha lami Karajaan Sumedang Larang pacogreg sareng Karajaan Caruban alatan Ratu Harisbaya Prameswari Kasepuhan Caruba ngiring ka Sumedang Larang, harita nuju kaayaan kakandungan, Pacpogregna Sumedang Larang Caruban disapih ku Musawarah Mupakat Sindangkasih; hasil musawarah mupakat Sindangkasih, diantawisna, talak Ratu Harisbaya ditebus ku nagara sabeulah ti serek Cilutung ka wetan, lajeng Jabang Bayi nu aya dilebet kandungan Ratu Harisbaya kudu diangkat Raja di Sumedang Larang.
9 Agustus pukul 23:51 · Suka
Bayawak Penasaran bari angguk-angguk,#bari surupuuut nginum susu cap nona#
9 Agustus pukul 23:54 · Suka
Wisahya Drs Dina Kitab Waruga Jagat yasana Mas Ngabehi Parana kaungel,... maka Pajajaran merad kang merad ing dina salasa tanggal opat welas wulan sapar taun Jim ahir...
9 Agustus pukul 23:59 · Suka
Wisahya Drs Sayang Hawu hamo subaya...
Sabtu pukul 15:56 · Suka
Tulis komentar...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar