IDANGAN MATANG PULUH; hatam tahlilan dinan malem mopat puluh dinten, nu tahlil sok dibagi idangan tahlil. eusina idangan teh; piring gelas sendok elap, aya sajadah sarung tawa kurudung, aya katuangan tiblek atawa atahan diwadahan kana baskom plastik, kantong nilek tawa boboko, dibuntel ku elap tangan, aya amplop kiparat eusina rupa rupa aya lima rebu tawa sapuluh rebu perak, Nu tahlil kolot budak
awewe lalaki, walatra meunang idangan nu sarua, jumlah nu tahlil ngaratus, kajaba Pa Lebe mah sok diembohan ku sangu rasul nu make bakakak diwadahan kana boboko dibuntek ku lawon bodas, jaba kiparatna husus beda tinu sejena, CAI DINA BOTOL TAWA ERGELEK JEUNG KEMBANG RAMPE KEUR NGEMBANG KA KUBURAN DIANTEURKEUN KA ASTANA KU KULAWARGANA,
· · Bagikan
Wisahya Drs Sapoe memeh matang puluh sok ngabalay kuburan nyieun imahna,di astana umum tawa astana kulawarga, kuburan rata rata sok ditembok motipna rupa rupa, aya motif kuburan Cina aya kuburan nu ntinggal plok, aya oge motip sejen ku batu, Tetenggerna sok ditulisan unina kieu; KI dADAP bIN WARU LAHIR...... WAPAT....
Wisahya Drs Isukna jam dua welas tahlil nginditkeun, aya nu sok upacara nginditkeun salah saurang ti kulawarga atawa husus tukANG NGINDITKEUN MUN AWEWE KU AWEWE MUN LALAKI KU LALAKI; didangdanan make pakean nu ngantunkeun dipayungan, tuluy make obor; sok careurik deui kawas dina poeanana; nu didangdanan sok sasalaman ka kulawar5ga jeung ka nu hadir, menta dihampura jeung pamitan, tuluy dijajap tepi ka panyaweran, pileuleuyan arwah mulang ka lam langgeng,
Wisahya Drs Dina ritual nginditkeun aya rupa bubuahan diwadahan dina nyiru jeung puncak manik bakakak, eta bubuahan teu hade didahar ku nu ngora matak kolot kabongeun, meunang di dahar ku aki aki tawa nini nini wae, da geus kolot.
Wisahya Drs Parukuyan geus arang kapanggih da barabe jaba euweuh ruhakna geus hese, nya diganti ku meunyan CINA, tawa menyan nu nyungcung diseungeutna ngagateng ngelun, jaba teu maytak mulek.Kemarin jam 20:39 · · 1
Wisahya Drs Tuluy buka waris, banda nu ninggalkeun, pakeana dibagikeunka kadangwarga, diona buka waris sok aya cekcok parebut paloba loba papada hayang loba pada pada hayang lega. Urut mulasara sok balitungan, sok dipunahan ku barang panggung mun anu kewur aya mah. Munanu teu boga mah sok ditanggung ku kulawarga wae, teu saeutik nu patelak alatan waragad urut mulasara.
Wisahya Drs Tapi pikeun kulawarga anu saroleh mah malah p[ada pada hayang mekelan ku do'a tawa ku banda sabogana sabogana, masing masing nyekel anuna, boh beasna, boh dagingna ,jsb, dinu kieu tara aya nu patelak.
Wisahya Drs Mulasara nu maot kaitung manjang, ti poeanana, tiluna tahlil tujuh peuting tepi ka tujuhna; tuluy unggal male juma'ah tahl;il nu disebut ngajumeli, tepi ka opat puluh poe, Dituluykeun kana Neket limka puluh poe, dituluykeun kana Natus saratus poe tilu bulan sapuluh bpoe, terus mendak taun dina tanggal pupuna, meunang dua kali mendak taun. Dituluykeun kana NEWU sarebu poe, teu jejeg tilu taun, Anu satuluyna unggal lebaran sataun sakali sok ngembang ka kuburan, nyiram ku cai atah jeung murulukeun kembang kana kuburan.
Wisahya Drs Dina mulasara nu maot sok aya istilah era kutangtungan, dicirikeuna dina idangan , dina pamulang nu merekeun, jeung dina kiparat nu nyolatkeun jeung nu ngali kubur tawa nu hadir di kuburan.
Wisahya Drs Mulasara nu maot wujud nyata kanyaah kadeudeuh kanu mulang ti kulawarga jeung kulawarga jeung babaturan nu ngantunbkeunkeun, nu jajap aya kalana mani ngaleut ngabandaleut teu karana diondang, estuning citresna nu datang tina ati sanubarina, nyakitu deui nu tahlil sarua citresna ti nu hadir teu karana diondang; malah sok kapanggih aya jalma nu ngahagal hadir padahal kanu sejen mah tara hadir; hal ieu katangen tina kahadean kulawarga atawa kahadean nu maot, ieu mangrupa ciciren oge.
Wisahya Drs Mulasara nu maot, miharep ka Nu Maha Kawasa Alloh Swt, sangkan nu maot ditampi iman islamna amal saena, dihapus sagala dosdana; diangken janten ummat Kanjeng Nabi Muhammad, kalayan mugi diangken janten ahli Sawaregana Gustiu Alloh AJA wajala, aamiin..
Wisahya Drs Pangalaman tina mulasara Pun bapa pun Biang Pun Adi pun LAnceuk, pamungkas Pun Anak ' SARTIKA NURMASARI'
Tidak ada komentar:
Posting Komentar