KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 10 Oktober 2015

WANGSIT SILIWANGI ( 15 )

WANGSIT ILIWANGI ( 15 ) = Asep Enang Hasanudin = Di palebahan urut ngumpul djeung misahna urang Padjadjaran, engke djaga ngadeg lembur mawa ngaran Tegal Buleud !
Di djaman nu baris dating didinja baris ngadeg Panggodongan
Nu hauna sadjangkung kuwung kuwung
DJeung seuneuna
Ngagedang gedang beurang djeung peuting
Keun sina ngagedag gedag !
Pieun di beurang ngahandjuwan garapan
Pieun di peuting djadi tetenger
Ka sakur nu keur marapag
Wayah Padjadjaran ngadeg deui …. !
Lain Padjadjaran nu baheula lain Padjadjaran nu kiwari anggeus leungit, lain Padjadjaran nu diarep arep ku kahayang …. !
Tapi Padjadjaran anu anjar !
Anu napak dina uga
Dina djadjaran anu satahap …..
Sadjadjar djeung anu satampiyan dina saleuwi
Nja eta
Padjadjaran nu salin ngaran
Ngadjadjar mandjang ka wetan
Ngalondjor djolok ka kulon
Diradjaan ku nu sabar
Diratuwan ku nu adil …. !
Saha nu baris ngaradjaan ?
Sana anu baris adil djadi ratu ?
Engke oge dia njaraho ….. !
Ti mana datangna engke arinjana ?
Ti sabrang lautan
Dina mulang
Anggeus ditudung ….. !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar