KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Jumat, 09 Oktober 2015

MANGFAATNA TANGKAL KALAPA

MANGFAATNA TANGKALKALAPA ; Naon sabab pangna imah ki sunda sok nyandingkeun tangkal kalapa, lantaran kalapa raket jeung budaya sunda, TANGKAL  kalapa sok disadap pikeun nyieun gula kalapa, sok  dipake dangdanan imah saperti tihang, sajaba ti eta sok dipake cukang dipake media ngingu supa kalapa,HUMUT kalapa sok dipake sayur lodeh atawa didahar di gahagal ngandung protein nabati tinggi,  BATOK kalapa dipake areng, alat wadah cai  cangkir batok / kirtok keur nginum, dipake jajangkungan, dipake ngambat jalangkung, dipake wadah batu ali atawa wadah muncang, DAUN kalapa ngora sok dipake janur  sawen pupuhunan jeung kupat, nyerena dipake sapu nyere panggebug kasur jeung rijen, baralak daun kalapa anu garing dipake mirun seuneu, sintung kalapa anu garing dipake upet keur nyeungeut menyan ari mipit atawa jarah, AKAR kalapa sok dipake obat kuat digodog dijieun ramuan,BUAH kalapa duwegan kalapa ngora sok dipake nginum anu hanaang, anu ngidam ngarah budak alus kulitna, diapke tamba anu jengkoleun mehlancar kiih, dipake tamba anu kalobaan obat / netralisir obat kimia, ulah diinum ku parawan sok nyebrot bitu, sok dipake ritual, ampir dina sagala ritual duwegan kalapa ngora tara katingaleun boh dinu numbal, mipit, hajatan, tatanggapan, nyuguh jeung nyuguhan tatamu, dijual di sisi jalan keur nu reureuh dina perjalanan, CENGKIR kalapa sok dipake nambaan awewe anu susuna dempak sangkan susu / pinareupna jadi bangir, SANTEN kalapa sok dipake rupa-rupa kabutuhan pangan dahareun inuman, saperti balagudeg, cendol, tumpeng, maranggi,  DAGING  kalapa sok dipake ngahideungan kumis sanggeus dibeuleum tepi ka geheng jadi areng dirieus dicampur minyak keletik dioleskeun kana kumis jeung bulu nu sejenna, sok dipake ngarujak kalapa sanggeus diparud atawa disiksik leutik, jeung dipake nyuguh,  kalapa gula ewe deet tamba kuat jagjag panjang napas lamun mopo leumpang atawa gawe, jeung nguatkeun daya  sexual lalaki, MINYAK kalapa, minyak keletik burung dipake tamba keur kasakit kotor pikeun lalaki anu jarambah, minyak keletik sok dipake ngagoreng , tamba anu hese ngajuru, meh orok ngaborojol lungsur lengsar, sok dipake ngurut nu hayang badag parabot, ngurut anu misalah,dipake ngaminyakan buuk anu jemet keur awewe ngarah tigulusur kutu, dipake ngaminyakan bitis ngarah teu rengge, jsb,GALENDO hampas minyak letik ngeunah didahar jeung cikopi atawa digalokeun kana sangu, sok tunuh sare kerek nyegrek. TINA eta hal matak luluhur sunda ngadeukeutkeun tangkal kalapa sisi lembur, sajaba sisi walungan, beh dituna kebon kalapa; gambar di handap netelakeun kadeukeutan pangabutuh hirup manusa jeung kalapa, lamun tangkal kalapa geus jangkung geuwat tuar bisi rubuh ninggang imah, by omo












Tidak ada komentar:

Posting Komentar