KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 20 November 2012

SAREUKSEUK



  • SAREUKSEUK; mun ngadenge seler sunda nyebutkeun teu bisa ngomong basa sunda, ku asa aleuwihan sok komo mun mun ngajedog di tatar sunda dijurukeun jeung dijebrogkeun di tatar sunda hirup kumbuh jeung urang sunda, kajaba seler sunda nu dilahirkeun digedekeun di mancanagara, aya meueusan we mun nyarita kitu teh.

    Ieu hiji pasualan anu perlu ditalungtik kalayan daria, naon saenyana pangna seler sunda nu model di luhur mumul ngomong ku basa sunda basana sorangan? Anu kapaluruh salila ieu boh di budak boh di kolot nyaeta alatan -SIEUN SALAH POK-; lantaran rumitna basa sunda ku mibanda undak usuk basa sunda tea, saenyana undak usuk basa sunda teu kudu dijadikeun alesan pikeun mumul ngomong ku basa sunda, anapon salah ngalarapkeun kecap, eta HAL WAJAR , jeungna deui da teu kudu sieun da moal matak jadi balai.

    Dina undak usuk basa sunda memang disayagikeun basa asar, basa loma jeung basa lemes, ari nu dimaksud ku basa loma, nyaeta nu menengah nu bisa dipake basa sapopoe jeung sagala tingklatan atawa undakan jeung bisa dipake pikeun basa ilmiah; ari basa lemes keur pakeun budak leutik jeung kanu dipihormat, ari basa kasar keur pakeeun sapopoe BASA GAUL , atawa nu pacogreg.

    Aya jalan tengah nu bisa diasongkeun pikeun nyalametkeun basa sunda supaya teu punah tur masih bisa dipake ku bangsa sunda jeung baangsa sejen, nmyaeta metakeun BASA LOMA , anu siger tengah; hal ieu disodorkeun keur TAMBA BATAN MUMUL NGOMONG KU BASA SUNDA.

    Aya hiji deui alesan nu matak leuwih sareukseuk jeung pikasebelen pangna mumul ngomong basa sunda lanataran BALAGA.

    = pemerhati lingkungan dan budaya =

Tidak ada komentar:

Posting Komentar