KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 20 November 2012

MAMANG KEUR LEUTIK

MAMANG KEUR LEUTIK; kira umur sapuluh taun kelas tilu sd da harita mah asup sakola sd teh dina panceg umur budak geus tujuh taun , mun leuneungeun dibeulitkeun kana sirah geus bisa ngaragap ceuli; ku bapa geus dipangmeulikeun sapi hiji sewang jeung nu jadi lanceuk; dipangnyieunkeun tanggungan karinjang leutik, dipangmeulikeun arit leutik ti panday wado, nyakitu deui lanceuk mamang sarua deuih.


Balik sakola sok ngarit ka salanghunyar bareng jeung lanceuk, jeung batur nu geus galede, memeh ngarit sok guyang heula di leuwi cijulang, da harita mah caina herang jaba badag, leuwina jero, sok tokerelep ditarulungan kunu galede, leuwi teh oyag caina da puguh pinuh ku budak nu guyang; seubeuh guyang panon belel bareureum karek hanjat dibaraju deui da puguh guyang teh ditaranjang sarerea oge, tuluy arindit ka salanghunyar ngararit minuhan tanggungan karinjang, geus pinuh baralik deui kana jalan nu tadi, tuluy garuyang deui di leuwi cijulang kawas tadi; seubeuh guyang karek bartalik, datyang ka kandang tuluy diparabkeun ka sapi; sapi danten mamang buluna bodas mulus dingaranan SI MANIS, sapi lanceuk leuwih gede rupana coreleng, bulu coklat selap bodas dingaranan SI CORELENG.

Sakapeung mun pere sapi teh sok diarangon ka bebera, resep nungguan sapi ngagutrut ngahakan jukut, sok bari ngarit, mun geus pinuh tanggungan karinjang, sok ngadu sireum hideung kumisna dipiteskeun sabeulah, SIREUM PAPUKET DIADU SILIH GEGEL SOK PAEH SAHIJI, sapi mun geus bungkiang beuteungna sok tuluy digiringkeun dibawa bawa balik mwa pecut bari nanggung karinjang, dikalungkeun ka kandang tuluy jukut nu tadi diparabkeun deui ka sapi, sdapi teh mani lintuh beresih da mun poe juma'AH SOK DIGUYANGKEUN KA LEUWI CIBAYAWAK, sok dikosok ku sereh wangi.

Lalampahan ngarit parat tepi ka kelas genep sd, sanggeus di sakola pertanian tingkat smp, eureun ngarit da sakola sok balik burit jaba harita mah leumpang nyeker, ti nanggerang ka situraja, komo geus sakola stm pertanian di cimalaka mah tara pisan ngambeu arit, da sakola nage indekos di Cipanteneun balik ari pere sakola mun geus beak bekel wae, tara balik unggal pere da ngirit ongkos karunya ka bapa jeung ema, mangkaning sarakola kabeh jeung adi nu tilu awewe najan karek di sd.

Sajeroning keur sok ngarit, batin mah sok ngajerit anak mah moal cena ngarit ngala suluh karunya arek cena ulin we bari junun sakola; dijabah boga budak lima, babakuna nu opat, teu kungsi beluleun ngarit ngala suluh, jarunun sakola, ongkoh budak geus beda jaman tara ngarit ngala suluh, alhamdulillah jarunun jareneng.

Geus kolot geus arek pangsiun, asa kagagas hayang deui guyang, hayang ngarit, hayang ngala suluh deui jeung babatura, duka kalakonan deui duka moal, nu puguh mah boga incu lima, jaba babaturana oge geus marulang sawareh.

1 komentar:

  1. Lebet STM Pertanian taun sabaraha Bah?

    STM Pertanian teh ayeuna mah anu nelahna SMA 1 Cimalaka sanes Bah?

    BalasHapus