KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 31 Juli 2012

TUKANG NGUSEUP DI WALUNGAN

· ·
    • Wisahya Drs Tukang nguseup di walungan cinoklong dina luhur batu sisi leuwi,jeujeuruseup asup kana beuteung leuwi, clom giriwil meunang beunteur keur endogan, beunteur ditewak tina kenur dilaanan useup tina sungut beunteur, diasupkeun kana korang dingagaplok dina cangkengna.
    • Wisahya Drs Pundah pindah leuwi, clom giriwil meunang jeler sedeng bungkayak arendogan
    • Wisahya Drs Leuwi dihanca ti hilir tepi ka girang, korang geus pinuh kasorenakeun karek hanjat ti walungan, kitu gambaran pagawean tukang nguseup di walungan, nu matak piraku tukang nguseup teu apal kana kaayaan walungan nu jadi pakasabanana sapopoe
    • Wisahya Drs Tukang nguseup di wlungan nbakal apal gede leutikna cai walungan,sarta bakal apaleun jauhna walungan nu sok disorang, ayana sirah cai nu nturun ka walungan oge bakal apaleun.
    • Wisahya Drs TUKANG NGUSEUP DI WALUNGAN TEU SALAH MUN MEUNANG JULUKAN ATAWA SEBUTAN MANTRI UKUR WALUNGAN

1 komentar:

  1. Hapunten manawi apal istilah atanapi nami-nami lauk di tatar sunda
    hatur nuhun

    BalasHapus