KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 24 Juli 2012

Pepelakan sisi walungan

mamang,ari melak tangkal tangkil di kumahakeun??
· · · Lihat Pertemanan
    • Wisahya Drs Diajir heula ditangtukeun jarak tanemna 2mx3m, kudu ngair pasir, laju dilobang 20cmx20cm, laju lobangna dieusi ku gemuk orhanik 10cm, laju bibit tangkil nu dina polibeg/plastik, dibuka, laju dipelak dina lobang, kudu ajeg, laju rungkupan ku taneuh, laju diajir, laju disiram.
    • Permana Jati dupi nu kitu di stek,,atanapi batangna tiasa dicecebkeun langsung(dipelak na polibeg heula)?
      20 menit yang lalu melalui seluler ·
    • Wisahya Drs Tehnik perbanyakan tanaman nu lajim sacara generatip ku siki, cara vegetatip ku setek batang, cara kultur jaringan ku sel anu kiwari keur dikembangkeun ku para ahli; tangkil bisa wae ku setek batang dahan, dipiara dina polibeg heula ke mun geus jadi karek pindahkeun ka lapangan ka kebon; setek batang celubkeun heula kana cairan zat perangsang tumbuh akar, tanyuakeun ka toko tani nu deukeut.
    • Permana Jati lumayan...keur melakan sisi wahangan,,nuhun mamang.
    • Wisahya Drs pepelakan tatangkalan di sisi walungan kaitung pagawean anu kacida hadena, sabab miara sisi walungan meh teu longsor jeung meh teu kasered ku cai walungan; sajaba tiu eta oge ngamangfaatkeun lahan nu aya sisi walungan; dupi nu bisa dipelah di sisi walungan nyaeta tatangkalan nu umur panjang boh kakayon atawa bubuahan, sabangsa awi haur, kawung; jeung taneman umur pendek kayaning cau, jukut oge bisa dipelak keur ngadukung miara domba sapi, sami sami.
    • Wisahya Drs Sisi walungan kacida hadena lamun dipelakan tina ordo falmae, kayaning kawung kalapa jambe jeung waregu tawa salak, sabab mibanda perakaran anu kuat pikeun nahan taneuh tina gerusan arus cai walungan, utamana dina usum ngijih, lamun walungan caah badag

Tidak ada komentar:

Posting Komentar