KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Jumat, 06 Juli 2012

KAPENCAR

KAPENCAR: binih pare anu jadi di tengahan lantaran siki pare marurag tina rangeuyan balukar pare geus asak 'leuir dibuatan dipanen' sahingga siki pare tina ranggeuyan anu tungtung nu 'hade keur binih' marurag, sajaba ti eta siki pare 'marurag waktu dibuat' nu matak sanggeus rengse panen sok jaradi binih di tengahan, eta kapencar hade keur dipelak lantaran tina siki tungtung jeung geus kolot geus asak bener, hanjakal kapencar tara dipake binih pare padahal kapencar teu bedana jeung binih pare di pabinihan..
· ·
    • Wisahya Drs kapencar mindeng kapanggih utamana di sawah cengkar pare segon di daerah nu hantar, di sawah hawara nu melak pare buhun rangeuyan nu umurna panjang jarang kapanggih kapencar lantaran siki pare pageuh tina ranggeuyan teu murag, tina bukti lobana kapencar nu jadi di tengahan sawah cengkar netelakeun yen kacida lobana siki pare nu murag di tengahan kotakan leungit hasil tatanen patani; aya sababaraha upaya pikeun ngajaga sangkan teu loba teuing leungit hasil tatanen, nyaeta waktu dibuat tong asak teuing.....
      14 Juni pukul 12:49 melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Bah, ari nu d sebut HAWARA nu kmha?
      14 Juni pukul 12:59 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs sing apik dina waktu dibuat ulah nitah ngarit pibuateun ka nu ngala jarami, hal ieu bahaya lantaran nu ngarit ngala jarami niatna lain rek dibuat tapi rek ngarit ngala jarami keur parab ingon ingon, cara ngagebot anu teu matak eumeur kana siki pare bisa ku cara pare dipeuyeum siki pare bakal morolok ku sorangan tinggal ngagibrigkeun jaramina jajabana, siki pare moal loba nu rancleng kaluar tina ebeg nu ngawadahan siki pare,anu saterusna siki pare bisa dipulungan 'kokoreh hahayaman' hasilna mucekil........
      14 Juni pukul 13:00 melalui seluler · · 1
    • Abdoel Hapied Thea Ooo ktu gening,abdi hoyong meser tanah d jaganala Mang! Sbraha?
      14 Juni pukul 13:01 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs sawah hawara nu deukeut kana susukan ti walungan bisa tilu kali dipelakan; sawah cengkar anu sakali disawahanna dituluykeun ku palawija katiluna diberakeun sok dipake ngangon domba tawa dipake gapret mun deukeut ka lembur mah
      14 Juni pukul 13:04 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs ke we kudu tepung sabab mun ditulis di dieu mah bisi loba teuing pangaluaran uang dengar
      14 Juni pukul 13:05 melalui seluler ·
    • Abdoel Hapied Thea Wkwkwkwk
      abdi hyong melak turiang jng hajeli
      14 Juni pukul 13:07 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs LEUNGITNA HASIL TATANEN DI TENGAHAN LANTARAN WAKTU DIBUAT PARE ASAK TEUING JEUNG JOROK DINA WAKTU DIBUAT; SIKI PARE NU MURAG DI TENGAHAN BISA DIPULUNGAN 'KOKOREH' HASILNA BISA MUCEKIL TEU KUDU NYAWAH
      14 Juni pukul 13:09 melalui seluler · · 1
    • Adang Jhoni Phid< nu hade mah melak Batu Bengsin.
      14 Juni pukul 13:09 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs hahaha aya ku keukeuh melak batu bengsin
      14 Juni pukul 13:10 melalui seluler ·
    • Adang Jhoni Lumayan Bah, melak nu kitumah ceb cul.
      14 Juni pukul 13:34 melalui seluler ·
    • Abdoel Hapied Thea Rang mah rek melak Kai Jati Solomon
      14 Juni pukul 19:11 melalui seluler ·
    • Adang Jhoni Phid < nu hade mah melak Kalapa dina Cungcurungan. Sabab Gemuk, & Cai keur nyuburkn na gs nyampak, tinggal ngaheujeun.
      14 Juni pukul 19:42 melalui seluler ·
    • Abdoel Hapied Thea Wkwkwkwkwk
      eta mah weuh keur pikahareupeun Kang,...
      Nabung ahk keur budak urang engke
      14 Juni pukul 20:25 melalui seluler · · 1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar