KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 17 Juli 2012

SANGU RASUL

SANGU RASUL;ayana dinnu mulasara anu tilar dunya, poeanana, tiluna, tujuhna, matang puluh, neket, natus, mendak taun, newu, nyaeta sangu pera beas bodas tara diakeul, langsung ditamplokeun tina aseupan kana boboko weuteuh anu meunang ngumbah beresih tuluy ditutupan daun kaqwas congcot, nu nyangu rasul kudu awewe anu geus tara kareseban teu sing saha wae jeung anu geus biasa nyieun sangu rasul; nga...rasulkeun sok aya bakakak hayam , rek jago tawa danten, meuncit hayam rasul kudu ku kolot nu sok biasa meuncit hayam keur rasul tawa ngarasulkeun; kuku hayam teu meunang diteukteukan kudu tetep ranggoas, meuleum bakakak hayam rasul teu kudu asak dapon saheab, jeroana dipais peujitna ulah diteukteukan ati burih ulah dicacag, maisna sarua saheab; bakakak hayam rasul dibungkus daun cau tuluy ditumpangkeun kana sangu rasul dina boboko weuteuh; sangu rasul jeung bakakak hayam muklis idangan lebe nu nelekinkeun nu tilar dunya tawa nu mingpin tahlilan; ulah owel ku sangu rasul utamana bakakak hayam teu meunang disempal, sanguna mah meunang ngalaan bisi aya kulawargana nu hayangeun mah, kiudu dibikeun jeung bobokona ka lebe, diembohan duit kiparat nu ditungkus ku keretas koran tawa diamplopan kiwari mah.Lihat Selengkapnya
· ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar