KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 30 April 2012

ngali kasir dina petakan rumpak jami

ngali kasir dina petakan rumpak jami ngabalukarkeun ruksakna petakan komo mun ngagalina palebah sisi petakan petakan jadi ruksak heug nu batur hal nimbulkeun karugian konservasi! aya cara nu hade supaya teu ngaruksak petakan batur nyaeta ku cara nakolan kaleng susu kana liang kasir emgke kasirna bakal kaluar bari kukulutus ' gandeng senying ' kasir tinggal nekuk 'hehe beunang nying' santai berhasil, ieu elmu keur tukang ngala kasir, aya deui cara sejen nu aman kucara ngasupkeun sireum pelang kana liang kasi
· ·
    • Afghan Dalem Sumedang nu alus mah nanggap dangdut hareupeun liang kasir,engke kasirna lalajo,tinggal newakannn
      Kemarin jam 15:46 · · 1
    • Wisahya Drs hehe apal wae tukang ngala kasir mah, "leres dalem" teu acan kaserat margi karakter hp kabujeng seep, cara sanes tiasa kucara ngalebetkeun hedset kana liang kasir lajeng disetel lagu kembang boled, kasir bakal kaluar bari ngagitek "sawerna nying" kantun nekuk, " ditiir ku ngaing nying" nuhun dalem
      Kemarin jam 15:55 melalui seluler ·
    • Nandang Sudrajat Azzah kasirna goreng, asa udang cenahmah
      Kemarin jam 16:00 melalui seluler · · 1
    • Wisahya Drs kasir teh ordo jangkrik tapi sanes katana jangkrik mangpaat kasir sareng jangkrik kanggo parab manuk tuweuw atanapi heulang ruyuk sareng manuk bueuk tiasa oge diabenkeun kanggo parab lauk sareng lele tiasa dipais dibeuleum atanapi digoreng dituang sareng liwet beas pare huma atanapi beas raskin, kapungkur mamang nuju alit sok ngala kasir ku sireum pelang kasir kaluar murukusunu " ateul nying' kasir gigibrig ditekuk " ngajedog nying" disakuan kanggo abenkeuneun
      Kemarin jam 16:08 melalui seluler ·
    • Wisahya Drs ade wawan ti genteng salasawios ahli perkasiran, nyanggemkeun yen cara ngala kasir tiasa ku cara liangna diguyur ku cai saruas atanapi dikiihan, engke kasirna bakal kaluar ' tiyis aduh' kasir ngahodhod, ' dibeuleum siah' tekuk gebruskeun kana durukan
      2 jam yang lalu melalui seluler ·

Tidak ada komentar:

Posting Komentar