KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 14 April 2012

Elmuning Ngongkolakeun Bumi (guar Bumi)

nyuprih elmuning ngokolakeun bumi, nitip nyi sri kabumi. rumpak jami ampih pare, nyusuk ngabendung walungan, ngabedah sawah, metak tetelar, ngarumat cinyusu, ngorehan elmu aki pangebon dina dongeng
· ·
    • Dirga Don Onteezh sumuhun , sumangga lajengkeun atuh kang?
      9 April pukul 13:17 · · 1
    • Dadang Purnama Di sumedang aya pamingpin nu gaduh pangaweruh bab eta nyaeta Pangeran mekah. Ce.
      9 April pukul 19:35 · · 1
    • Wisahya Drs karuhun sunda saenyana ahli dina widang konservasi tanah dan air kalebet ahli dina widang tatanen utamina melak pare, ceuk beja embah tandur gagang nu sumare du gunung geulis eta ahli tatanen, kapendak dina jampe menyan aya kalimah nu nyebat tandur gagang, dina melak pare, diwuwuh ku katerangan di nara sumber nu ngaenyakeun yen embah tanduran gagang teh ahli pertanian, karuhun sunda anu cenah jumenengna dina abad ka dalapan, kitu numutkeun salasawios sumber nu katarima, kitu ce
    • Dadang Purnama Bab ngendalikeun beurit aya ahlina urg sunda nyaeta sulanjana ce
      9 April pukul 20:27 · · 1
    • Wisahya Drs pangeran mekah geus ngajarkeun ka rahaytna cara metak lahan darat nu disebut terasiring petakan goler patik dina kamalirna make lobang kancing keur nampung lumpur nu kabawa ku cileuncang dina bhs inggris disebut run of, petakan kudu ngais pasir atawa contur, nu ayeuna dipake rujukan ku para ahli konservasi tanah dan air anu satuluyna tiori eta disampurnakeun jadi teras meja atawa teras datar nu disisina digalengan dipelakan jukut, kamalir jeung lobang kancing tetep aya, tuluy dirobah jadi teu make galengan,
    • Wisahya Drs saterusna dina bab ngolah tanah sawah pangeran mekah ngajarkeun garu kambang macul kudu jero taneuh kudu direureukeun heula bari taneuh dibere gemuk hejo sabangsa kirinyuh jeung daun johar atawa gemuk kandang jeung rarapen sabangsa tai domba jeung tai sapi, taneuh lendoh lesang ditincak ngerebek, parena hade ngemploh kawantu taneuhna subur, disawah cengkar aya tehnik gogoranca, tandur sawah diterapkeun tehnik kenca atawa ditegel melakna maju, henteu mundur, kitu ce
    • Dadang Purnama Pangeran mekah tos ngagaduhan elmu tatakota atw tatadesa nu tos di konsep kanggo muka lembur atwa nyieun lembur
    • Wisahya Drs demi aki pangebon geus ngawariskeun elmu ngahuma, ieu leuwih kolot sabab didieu can aya tehnik konservasi tanah dan air, cara muka pihumaeun teh dihuru ku seuneu boh pasir boh tegalan tawa leuweung, keur netelakeun eta hal ku ama rek dbuktikeun, kapendak dina jampe ngimpunkeun aya kalimah kieu" nu sumalindung dinu tunggul nu sumalempay dina catang nu sasiki nu sacangci nu saranggeuy baeu kadieu tuturkeun ibu nu calik dipaniisan", tunggul rentul catang pabalatak lantaran muka leuweung reuma, ...
    • Wisahya Drs hal eta dipigawena usum halodo etak etakan keur meumeujeuhna banget halodo demi cara ngayakeun seuneu ku cara miruha ngagosok hinis awi tepi ka bijil seuneu atawa kucara neker huntu gelap ditandean ku kawul nepi kahurunh satululna kana kararas gur seneu hurung dipake ngaduruk pihumaeunanu geus didangdang leuwih tiheula, sacur hujan der ngaseuk pare huma jeung sisikian nu sejenna saperti jagong ragoy hanjeli kunyit hiris wijen bonteng suri, jeung beubeutian kayaning taleus sampeu hui, sabangsaning ...
    • Dadang Purnama Ulah minder jadi urang sunda.. Kari nuluykeun elmu panemu jampe pamakena ku cara nyukcruk galur para karuhun mapay laratan para karamat, spy dilarapkeun dina kahirupan
      Sapopoe.
      9 April pukul 21:52 · · 1
    • Wisahya Drs kakacangan timimiti hiris kacang uci roay koas kompas, antekna sagala dipelak lantaran harita pepelakan ngan ukur sataun sakali, sanajan kitu tapi jarak tanam jeung tataletak tanaman mah geus aya harita oge saperti melak ragoy hanyeli kunyit di sisi, ngatur jarak tanan ku cara diaseuk melak taleus taleus dipongpok malak tangkal jarak jeung kaliki kapas oge dipelak, siki jarak dipake aceng kapas keur nyieun kanteh, sabagean aya nu diawurkeun wungkul saperti wijen di tengah kotakan nu tibang digarit patengah
    • Dadang Purnama Dina elmu pamarentahan aya nu disebut ingngarsosungtulodo,ingmadyomangun karso. Tutwuri handayani, urang sunda tos tipayun ngagaduhan nu disebut ratu adil. Nyaeta silih asah.silih asih.silih asuh nu cirina budak angon, urg kampung bau lisung jauh k bedug. Pantona batu satangtung. Imahna birit k leuwi.
      9 April pukul 22:00 · · 1
    • Wisahya Drs jeung pare, katangen dina ajaran aki pangebon mah sarupaning sisikian dupelak bareng jeung pare sacur hujan lantaran usum pepelakan ngan sataun sakali, sajaba ti bonteng suri dipelak oge waluh gede jeung kukuk nu ngarambat dina gawir jeung hateup saung eurih, konsep panen geus diatur aya nu bisa dipanen samemeh pare saperti bonteng taleus jagong, tuluy panen pare huma nu disebut rumpak jami ampih pare, tadi basa ngaseuk disebutna nitipkeun nyi sri ka bumi, jeung aya nu diala satutasna panen pare saperti...
    • Wisahya Drs saperti waluh kukuk umurna bisa panjang hiris oge jeung sampeu nepi ka datang deui usum katiga, pare hanyeli kunyit dileuitan nu disebut anpih pare tea, jadi konsep katahanan pangan teh ti bareto mula karuhun urang geus ngajarkeun ka urang cara nyimpen pangan teh aya nu di leuit atawa di jero rohangan atawa nu di luar rohangan saperti jagong sabansa kacang jeung anu di kebon saperti beubeutian jeung bangsa walug jeung sabangsa roay, kulantaran eya hal jalma tetep aya teu kalaparan da boga cadangan pangan...
    • Wisahya Drs tah sakitu halna anu geus diajarkeun ku karuhun urang dina bab tatanen ngahuma atawa nyawah, dina harti " guar bumi ampih " guar bumi hartina macul atawa ngolah tabeuh kaasup anu dihuru eta teh, ari ampih pare hartina nyimpen hasil tatanen mun pare mah dileuitan, ari nu maksud rumpak jami ampih pare mah satutas panen lahan tatanen diantep heula da aya keneh pepelakan nu masih ngahasilkeun atawa nu acan diala hasilna jeung lantaran can usum digarap atawa dipacul. kaharti nya ce, ...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar