KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Jumat, 13 April 2012

BANYURESMI SUKASARI SUMEDANG

lembur banjaran desa ciresmi kac sukaseuri kb sumedang, conto lembur nu sajahtra bahe ngetan nyandingkeun pasawahan jeung kebon di luhurna, imah pageuh tempat ibadah weuteuh, kacang beureum raweuy di pipir imah, lembur ngagaruda ngupuk, cukup sandang pangan, kitu ce
· ·

    • Agus Sukradinata kmpung Banjaran, Desa Banyuresmi, Kec. Sukasari, Kab. Sumedang... ke minggu ka 2 bulan Mei bade aya acara tangkas domba...acara rutin di desa Sindangsari di alihkeun...acara hajatan mantan kuwu adang... sumpingnya kang... abdi insy Alloh bade ngabobotohan...he..heh...

    • Afghan Dalem Sumedang menta atuh kacang beureumna sageugeus rek dijieun dodol..

    • Wisahya Drs moal kaburu saum kitu, tadi teh nganteur bule ka banjaran, eta lembur imahna parageuh tos dipotoan, tegep ditingal ti lembur pa entos, wartosan deui nya da kaleresan kenal sareng dede putra pa kuwu adang nu janten sekdes, hyg ngendong, ke urg poti bersama bade milari adegan tangkas domba nu hade

    • Wisahya Drs dalem da kacang pamer di pipir di payun di pengker bumi, abdi oge hoyong kacang beureum ukur motoan hungkul da teu aya nu ngabahanan, ke urg nyungkeun ka bobotoh sindangsari da anjeuna oge sok pamer kacang beureum

    • Agus Sukradinata ha..hah.. langkung wa'as deui pami wengi di tinggal ti lembur malaka palih lebakna.... sareng abdi hoyong ngahaja enjing2moyan sambil ngopi...
      Rabu pukul 21:54 · · 1

    • Agus Sukradinata waktos krisis ekonomi th 97... wilayah ieu malah untung margi waktos harita nuju melak kentang...hargana ngalonjak...
      Rabu pukul 21:56 · · 1

    • Wisahya Drs tah eta lembur malaka palih lebak, leres pisan, iraha atuh, sapertos kota nu nyumput, abdi kenging poto nu harade

    • Wisahya Drs kunaon tah lembur eta bumina parageuh sareng sarae

    • Agus Sukradinata mungkin wae aya hubungan naekna harga kentang th 97... tapi dugaan ieu mah... tapi nu langkung jelas mah wargana giat tani... subuh2 tos giat di damel..
      Rabu pukul 22:02 · · 1

    • Agus Sukradinata hiji deui tempat nu sae pamandangana di astana Tetelar ds nanggerang... tempat abdi ti waktos bujangan keneh.. sore2 ninggal panon poe surup ka gunung manglayang...panon poe nyorot ka pasawahan anu ngaplak palih lebakna...he..heh..
      Rabu pukul 22:08 · · 1

    • Wisahya Drs oh kitu, parigel panginten kana tatanen sawah ngebon ingon ingonan dupi patalina sareng pamer kacang beureuman naha nu seueur kacang beureumna nu pangjegudna di eta lembur

    • Wisahya Drs di nanggerang ke asa teu acan kabayang eta mah, kedah sareng pa eka ka nanggerang na nya

    • Agus Sukradinata melak kacang beureum ngabudaya pisan...sakali usum hujan bisa 3 kali melak...1) sa cur huja, 2) morekat 3) morete....(tapi kadang2 kabujeng halodo)....
      Rabu pukul 22:14 · · 1

    • Agus Sukradinata tetelar... astana tungtung tanjakan anu netek...
      Rabu pukul 22:16 · · 1

    • Wisahya Drs oh melak kacang sacur hujan, morekat, morete ngatliukalian paingan seueur kacang, kewe atuh urang papay tempat tempat anu sakinten sae kanggo dipublikasikeun ka mancanagara, hiji deui tadi kapendak mesjir weuteuh tur sae, kumaha tah

    • Agus Sukradinata perjuangan masyarakat, pamarentah partai oge ngiring merjuangkeun kapungkur... pangwangunan bertahap... mungkin wae aya donatur ageung/pastina teu acan mendak wartos... nu pokok kasadaran warga kana perkawis agama katinggal paningkatanana...
      Rabu pukul 22:27 · · 1

    • Wisahya Drs cekap hatur nuhun, abdi gaduh konsep yen jalur jalan ieu sae pami didamel jalur wisata agribisnis kantun moles titik titik tertentu diangge singgah tawa reureuh diluyukeun waktu atawa timing sareng jenis produk agribisnis nu tiasa dipamerkeun, kalebet momen ketangkasan domba, hiji hal deui benjang tiasa dipintonkeun, ieu gagasan mugi janten bahan emutan ti semua pihak, salajengna informasi ieu tiasa ditingal deui dina blog, kangge bahan litelatur keur nu butuheun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar