KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 06 Maret 2012

WALIMAHAN DI LENGKOB

He jang asep Hendra bapa nikahkeun hidep ka anak teges bapa nyi ela kalayan mas kawin cincin emas sa gram di bayar kontan.
Tarima abdi nikah ka nyi Ela kalayan mas kawin cincin emas sa gram di bayar kontan.
Sah.


-
Nyai aa nyanggakeun mas kawin cincin mas sa gram.
nampi.





Sawer panganten disawer ku beas koneng jeung duit.







Nincak endog nepi ka peupeus, meuleum harupat hartina miceun sifat getas harupateun, meupeuskeun kendi hartina lambang tina musyawarah nu mufakat mun aya pasualan dibadamikeun babarengan tur aya dina kasaluyuan.






Ngawasuh sampean kawajiban nu jadi pamajikan saeunggeusna ngalakukeun gawe bareng.












Buka pintu: punten nyai ieu aa sumping, mangga ka lebet.
hartina teu meunang saga wayah narima lalaki kajaba muhrim.







Huap lingkung panganten awewe masrahkeun bakakak panganten lalaki ngahuapan  bakakak hartina pamajikan sadia ngarasanan lahir batin, salaki wajib nganafakahan nu jadi pamajikan.










Sungkem nyuhunkeun dihampura sareng piduana bade ngambah rumah tangga.










Kajian:
Aya dua hal nu peryogi di perhatoskeun sareng di lereskeun:
1. Ijab kobul  mas kawin sering kapendak sok dipandu ku panghulu hal ieu kedahna langsung ku caroge ka bojo.
2. Dina sungkem urang masih sering mendakan sok di pandu ku juru sawer hal ieu oge sami kedahna langsung ku panganten boh diucapkeun atanapi cekap dina manahna masing-masing boh murangkalih boh sepuhna margi upami dipandu ku juru sawer sok teu hidmat sapertos sinetron sakitu nu jadi kapendak masih keneh rancu, padahal hal ieu ritual resmi sanes sandiwara mugi janten perhatosan sadayana.

3. acara mawakeun kapara sepuh jeung kadang warga masihan katuangan anu ngahaja didamel maksadna silaturahmi panganten maparin sedekah anu engkena bakal dipulang ku paparabotan atawa duit keur bekel rumah tangga biasana didieu sok dipapagahan bari diduakeun.
4. Ritual numas hartina laporan tipihak lalaki ka pihak awewe anu samemehna budak lalaki ditaros kuibuna bahasana kieu kumaha saur ibuna atos ceuk budakna tuluy budak diseleksek naha weuteuh atawa geus peupeus lamun weuteuh tipihak lalaki laporan kapihak awewe tandana ku bakakak  anu weuteuh tapi lamun geus peupeus tungir bakakak ditiir ku tusuk sate. hal ieu tos jarang dilakukeun utamana ngajaga bisi aya hal anu teu diharepkeun saupama kaayaan budak awewe geus teu weuteuh deui.
Barokallohu laka wa baroka alaika wajama'a bainakumma pichoer. sing lambat lambut kacai jadi saleuwi ka darat jadi sa logak,amin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar