KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 26 Maret 2012

Situs Makam Karamat

Add caption


Add caption
Makam karamat anu sumebar ditatar jawa mangrupakeun situs anu lengkep maksudna dina hiji makam karamat teh: aya kuburan karuhun hiji atawa leuwih, aya sirah cai, aya rupa-rupa kakayon, aya rupa-rupa sasatoan, aya benda purbakala rata-rata tina batu sok disebut oge artefak. tah eta secara fisik anu bisa katingali kalayan atra dupi tempatna kalolobaan diluhur gunung tapi teu sautik didaerah lembah oge sakumaha anu kapendak diurang sadayana. Sajaba ti eta di makam karamat sok ditungguan ku kuncen (juru kunci) dibumi juru kunci sok aya buk (naskah) anu eta buk teh eusina silsilah jeung ajaran(aturan kapamalian) atawa riwayat, biasana buk ditulis teh mangrupa kulit handalam anu diseratna ku japaron aksarana biasana aksara sunda atawa jawa atawa arab gundul, dibukana sataun sakali dina bulan muharam, bari ritual bubur sura, hal ieu raket patalina sareng riwayat kanjeng Nabi Nuh As, sabadana hanjat dina banjir sadunya waktu harita.ritual ieu sajaba tibubur sura nu sok dipake panayogean oge sok disebut ritual ngalap elmu, sajaba ti buk oge biasana sok aya parabot pusaka karuhun anu dimakamkeun di eta makam karamat.pusaka mangrupa keris atawa gobang atawa kujang, tumbak, jeung batu ali, dibukana sataun sakali dina bulan mulud, ritual ieu sok disebat oge ngasah elmu jeung ngamandian jimat. Rata-rata dimakam karamat tos aya aturan kapamalian sabenerna teu beunang dirempak contona teu meunang saga wayah putak-petik atawa ulu ala atawa kudak kadek atawa mateni sato anu aya dieta makam. makam karamat mangrupakeun sawaka flora fauna /tutuwuhan jeung sasatoan hal ieu hade pisan pikeun dilestarikeun/dirumat pikeun rupa-rupa kapentingan contona keur kapentingan panalitian, makam karamat oge mangrupakeun leuweung leutik (hutan mini) anu mibanda sistim katahanan lingkungan jeung budaya. di makam karamat urang bisa nitenan ngeunaan wangun kuburan biasana wangun kuburan dihiji makam kapeung aya beda jeung di makam nu sejenna tah ieu oge perlu pisan dititenan kuurang lantaran hal ieu bisa nuduhkeun umur kuburan anu dipatalikeun jeung wangun kuburan oge bentuk wangun batu anu dipake kuburan eta, jadi hartina urang bisa nitenan atawa bisa merkirakeun yeun eta anu dikubur teh abad sa anu. ngeunaan tutuwuhan jeung sasatoan nu aya di makam biasana khas sok tara aya ditempat nu sejen contona kapendak di makam cipeueut (cipaku darmaraja) tangkal jati jeung kalong, terus nu kanpendak deui di sirah cipaku aya tangkal teureup jangkung jeung rupa-rupa tutuwuhan lengkep satona monyet. demi wangun kuburan nu digambarkan di eta dua makam beda kacida nu dicipeueut mah ku batu walungan anu disirah cipaku mah batu alam, nu saterusna ngeunaan benda purbakala nu kapendak di makam gunung lingga darmaraja aya lulumpang nu di makam sirah cipaku  aya batu kantong lajeng anu dimakam dayeuh luhur kapendak aya batu tapak. ningal hal sakitu kaayaanana urang minangka seuweuna sabenerna aya kawajiban pikeun ngarumat eta situs kalayan sadar henteu perlu aya nungunguprak atawa nu marentah sabab eta teh milik urang anu kudu dipulasara ku urang ngan hanjakal kalolobaan jalma henteu enggeh kana eta hal sok loba keneh anu hayang ngaruksak batan hayang miara aya oge nu pikalucueun perkara ngarehab kuburan makam karamat anu disangkanan bakal leuwih hade padahal ngaruksak tatanan makam conto : makam raja sumedang larang anu boga ciri khas anu beda ti batur nu aya di dayeuh luhur dirobah ku kramik hal ieu kacida telodorna anu ngabalukarkeun nilai sajarah atawa riwayat ieu makam jadi ilang, terus sok loba keneh anu kabitaan nuar kai dimakam karamat anu dalihna jang kapentingan umum padahal lamun geus pada ngarti salarea mah hal eta teu kudu di pilampah. jadi makam karamat teh mangrupa daerah sawaka anu boga otonomi anu perlu dirumat kusarerea pikeun ngajaga kalestarian lingkungan flora fauna jeung budayana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar