KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 26 Maret 2012

Ajaran Buyut Kasih

Sim kuring mendakan ajaran kanggo katahan pangan diwilayah Dusun Maruyung desa Kutamandiri kacamatan Tanjungsari kabupaten sumedang propinsi Jawa Barat didinya kapendak aya makam karamat anu karuhuna teh katelah Buyut Kasih anjeuna ngawariskeun hiji konsep katahanan pangan anu perlu pisan di uningan ku sakumna dulur-dulur, konsep ieu nu dingaranan BEAS CANGGEUM aturanana saderhana pisan unggal nyiuk beas ti padaringan dicokot sa canggeum dipindahkeun kana padaringan leutik jadi di goah teh aya dua padaringan, padaringan gede wadah beas anu rek disiuk, padaringan leutik keur wadah beas canggeum. Beas canggeum ieu teu beunang dipake disangu kajaba lamun perlu pisan diinjeum kudu digantian deui lamun eta padaringan leutik geus pinuh dipindahkeun kana karung goni sanggeus sataun eta beas dijual ladangna dibeulikeun ka domba, domba geus loba dijual dibelikeun ka sapi, sapi geus loba dijual dibelikeun ka sawah. tah ieu hiji ajaran anu perlu ditulad ku urang pikeun ngayakeun katahanan pangan,jadi konsep ieu henteu bisa disebut kuno ku jaman kiwari oge masih bisa dilakukeun jeung konsep ieu henteu kudu diterapkeun kana beas wae saenyana kuduit oge bisa upamana budak dibere sapuluh rebu disisihkeun 100 perak, jelas bakal sarua jeung Konsep Beas Canggeung Buyut Kasih

Tidak ada komentar:

Posting Komentar