KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Rabu, 07 Desember 2011

HAUR KARAMAT LEBAK BIRU


Haur Karamat Lebak BIru Dipelak kululuhur lebak biru anu maksudna keur tumbal lembur nahan urug gawir nahan angin barat. Haur ieu teu meunang sagawayah dituar kajaba sataun sakali dina bulan muharram bareng jeung hajat lembur, ieu haur teh sok dipake suluh pikeun masak dina hajat lembur, tur dibagikeun antara sabebek nepi katilu bebek saumpi, sajaba ti eta ieu haur oge sok aya anu menta ti anggangna pikeun TAMBA atawa tumbal lembur. Urang dieu taat pisan kana eta tetekon teu wanieun ngala haur sagawayah nek dina ngalana oge kudu sanduk-sanduk heula amitan ka gusti nu kagungan saperti nu katingali dina ieu gambar digigir aya parupuyan ngelun jeung aya nu mitembeyan nuar awi haur.
Sarengsena dituar awi teh diteukteukan terus di pasian dijieun saratus duapuluh bebek keur nyumponan saumpi 3 bebek sajaba ti eta ieu awi teh sok aya oge anu menta keur tumbal tatanen pikeun ditancebkeun disawah, ari keur masak hajat lembur mah sa deui awi dipotongan dijieun suluh sacukupna keur nyieun tumpeng jeung keur masak daging embe hideung anu sok biasa dipencit dina waktu hajat lembur. gambar digigir katingali anu keur motongan awi sareng anu nyandak jatah awi sabebek keur bawaeun kabumina. kaparengan keur usum panen nu matak katingali ditukang aya pasawahan nukeur dipanen jeung anu moe pare.


Suluh awi anu khusus keur masak dina raraga hajat lembur dipake masak nyieun tumpeng teri anu geus ilahar tibehdituna sok nyieun tumpeng teri jeung dipake nyieun marangi embe jeung sate embe engkena sarengsena hajat lembur dituluykeun kuhiburan ronggeng atawa kuda renggong atawa terbang ngan hanjakal sok turun hujan ngagebret lamun goong geus disada. unggal umpi bakal meunang idangan jeung suluh awi haur  dibagi ku pupuhu lembur sacara walatra sababeta biayana ge meunang rereongan sacara walatra salelembur anu jumlahna 40 umpi. sa deui masjid jeung kandang teu asup kana itungan umpi. sabab ari umpi mah bumi ari kandang mah tempat sato hewan ari masjid mah paragi ibadah aya deui wangunan gardukeur poskamling leuit keur wadah pare, jeung saung lisung paragi nutu babarengan.
Saenyana tahapan hajt lembur nu mimiti isuk-isuk nyaeta ngajampean cai kembang anu dikumpulkeun ti ungga umpi eta cai engkena nu meunang ngajampean tea di pake mandi dimasing-masing kulawarga keur panumbal diri masing-masing. sapertinukatingali dina gambar digigir







Ritual hajat lembur dipungkas ku nyalametkeun, tah didieu pasakan  teh geus asak sakumaha anu katingali dina gambar aya tumpeng, aya raracik, dina raracik kapanggih aya beuleum lauk emas beureum jeung beuleum lele tuluy aya sate ngan bakakak hayam teu kapanggih da cenah cukup ku beuleum lauk, lele jeung beuleum daging embe padahal biasana bakakak sok kapendak dinu hajat nyalametkeun tumpengna ge khusus tumpeng teri anu tadi disebutkeun diluhur dina ritual ieu sakabeh karuhun lebak biru dihadiahan tur diduakeun ku kasepuhan anu di hadiran ku salelembur sareng nyuhunkeun kasalametan kasejahteraan kabarokahan dina tatanen jeung usaha sejenna. di lembur ieu henteu kacaritakeun ngalaman paceklik kakurangan beas padahal deungeun sangu teh meulina sok ditukeuran ku beas tapi buktina di ieu lembur barokah najan panen 6 bulan sakali da sok melak keneh pare buhun tur alasna sagede gunung rempu.

Sarengsena nyalametkeun jeung tos huap lingkung diteraskeun kana hiburan kiliningan jeung calung anu dipintonkeun dina hajat lembur taun ieu. Dina gambar ieu katingal ema Tini sesepuh lembur nuju ngibing anu bari katitisan karuhun lebak biru, da memang katingalina maTini ngibingna teh benten tinu sanes semu dinikmati pisan sareng katingali na teh bari peureum, gerakana bentes tinu sanes aya gagah aya kalem matak deungdeuleueun nu lalajo, tim kungsi naros ka anjeuna naha ngibingna beda-beda saur anjeuna gumantung kana tepak kendang sareng gumantung ka karuhun nu nitisna margi karuhun anu nitis na benten-benten kumaha laguna ngan sok cape maTini katingal upami tos ngigel teh sok rumahuh tim ge kantos ngiring ngarengkenek da leres karaos nu disebatkeun ku ma Tini teh leres pisan gerakan asa hampang tapi sarengse ngibing sok ngalungsar. ieu acara teh lumangsung dugi ka sonten.

Tim nyakseni ti awal dugi ka ahir ritual hajat lembur dina ieu gambar Ustad Deni (kuncen anom), Drs. Wisahya sareng Dadang PH (Tim pemerhati budaya), Ustad Cecep (Tokoh nonoman Lebak Biru). Ieu tulisan diharepkeun bisa dijadikeun Literatur kabudayaan Lebak Biru tur bisa dipetik manfaatna.
Antos acara salajengna Muka Jimat dina Bulan Mulud nu bade dongkap mugi Gusti Alloh Nu Maha Suci marengkeun dina waktosna.
Hajat Lembur intina nyuhunkeun kasalemetan, kabarokahan, ka Gusti Alloh Nu maha Suci.
Rahayu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar