KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Kamis, 08 Desember 2011

Munding Bule

Kapendak aya munding bule nu keur dipake ngawuluku di sawah cengkar, saenyana munding bule teh kaitung munding anu langka jarang kapendak. tapi kawenehan poe ieu manggihan munding bule nu keur dipake ngawuluku ku nu bogana.
Ieu munding teh danten mani donto, tanagana keur mejeuhna gede. munding bule kacaritakeun dina dongeng asal muasalna, tina budak anu titeuleum dina leuit hanjeli, tuluy budak teh maot. sanggeusna kitu aya munding bule, diakukeun weh yen eta munding bule teh jalmaan ti eta budak nu maot tea.

Nu matak munding bule di sawatara tempat dikaramatkeun tara dipeuncit, jeung tara digawekeun, etamah numutkeun dongeng, tapi geuning ayeuna mah tos cupar dongeng eta teh, da buktina kapendak munding bule nu digawekeun sapertos nu katingal dina gambar digigir


Sarengsena magawe, si donto tuluy dimandian kunu bogana make daun sereh wangi. Kaciri sidonto meni ngaleleher keur dimandian teh. Rengse dimandianmah tuluy diangon bari balik mapay jalan. Tuluu dikandangkeun pikeun nuluykeun hanca poe isuk anu geus ditungguan sabab biasanya anu nyambutmah sok dipanjer dibayar tiheula.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar