KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 03 September 2013

SITUS GUNUNG PADANG CIKARUT DARMARAJA

SITUS GUNUNG PADANG CIKARUT DARMARAJA; numutkeun Aki Karti, kuncen makam karamat Cikeusi; disebut oge - GEDONG TAPA - , aya makam Resi Ajar padang, wangunan batu nu buleud, batuna dientep beres, paranti tapa para karuhun, jerona kosong, boga lawang beulah kaler, mun pareng eta lawang dibuka ku karuhun anu tapa boh nu asup boh nu kaluar, sorana sok ngageleger nu disebut - SORA PARAG - , eta sora tah ampir saru jeung sora guludug ngageleger; saenyana eta gunung teh aya baturna, kabehna aya tilu, nyaeta gunung padang cikarut sok disebut oge gunung CUPU, gunung Sangkanjaya atawa gunung Nirmala, aya makam Mundinglaya, batu nu hideung ngabagug kawas munding mun bulan mulud sok ngempol, jeung makam Sanghyang Tunggal, dina gawir aya cadas bodas nangtawing, aya masigit paimaran, nu kawenehan sok aya nu ngadenge sora nu adan ti eta masigit, kiduleun gunung padang, jeung gunung BEBER nu aya di Cibugel, kiduleun gunung sangkanjaya, wetaneun gunung cupu aya makam astana panjang, EMBAH suriadijaga.  


SITUS GUNUNG PADANG CIKARUT DARMARAJA SUMEDANG, belum begitu diketahui oleh banyak orang, karena situs ini tidak begitu populer, padahal situs ini perlu diketahui, karena bentuk susunan batu yang kuno dan unik; menurut nara sumber bernama AKI KARTI  kuncen/ juru kunci makam KERAMAT CIKEUSI, bahwa GUNUNG PADANG  ini memp;unyai tina nama atau tiga sebuta, yaitu GUNUNG PADANG, GUNUNG CUPU, dan GEDONG TAPA; di dalam nya kosong, mempunyai pintu gerbang, dan apa bila gerbang tersebut dibuka oleh penghuni ghoib / para karuhun, yang sedang bertapa, maka akan terdengan suara seperti guntur, dan suara tersebut disebut  SORA PARAG.DISANA TERDAPAT MAKAM KARAMAT resi ajar padang DAN embah jamadun.


Suka ·

2 komentar:

  1. Kang naha nya di unggal wewengkon di Pasundan aya bae patempatan nu dinamian gunung padang (ciwidey, Cianjur, Ciamis, Cilacap, jrrd.) patarosan sim kuring naon atuh kagunaan gunung padang, sareng budaya nu mana nu ngagunakeunana ? naha fungsi gunung padang sami sareng kabuyutan ? htr nhn kang

    BalasHapus
  2. gunung padang teh mangrupa tempat ritual semedi luluhur, sam,odel kabuyutan deui tempat ngadeukeutkeun diri ka nu NGERSAKEUN, dina islam mah masjid

    BalasHapus