KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 24 September 2013

NGOBOR BELUT

NGOBOR BELUT; kalangenan di lembur bareto keur di lembur, lamun usummacul hawara teh sok ngobor belut di sawah gunung tulang atawa sawah cibangban, deukeut walungan cibayawak kiduleun lembur,deukeut makam IBU TAWANG u aya batu jiga leuit.

Reu peuting teh sok singkil nyeungeut lampu patroma minyak bau, indit ngajugjug sawah meunang macul atawa tanduraneun tara di sawah meunang tandur mah da sok nyarekan nu boga sawahna, ngajingjing patroma, nyekel ragaji mintul atawa bedog mintul keur ngadfek belut anu nyangheuy dina kotakan.

Belut mani rakmang ngagaloler dina kotakan tinggal ngadekan, tuluy dicokot diasupkeun kana ember atawa korang, sok meunang loba da harita mah can loba teuing obat pare, lain belut wae deuih, aya bogo, beunteur, lele, keong, bangkong, sok rajeun aya oray kadut ka kadek tapi tara dibawa da teu bisa di dahar.

Ngobor teh lain sorangan tapi sokaya duaantiluanana sarombongan teh, nu ngajingjing lampu, atawa obor,nungadekanbelutna jeung nu mawa ember wadah belut, atawa nu sejena, beubeunangan teh sok lumayan loba, rupa-rupa hasilna, mun geus kira cukup hasilna sok geuwat balik.

Belut diburuydulkeun kana ayakan di nudarat tuluy diawuran lebu meh seuseut, tuluy dipeuncitan dikaluarkeun taina, kitu deui nu sejenna, tuluydikumbah beresih tuluy diasakan digoreng, dibeuleum bari ngaliwet, geus asak tuluy di dalahar bareng jeung nu di imah, mani nihmat, da puguh tas cape ditambah belut sawah anu lalintuh girinyih, najan samarana ukur ku uyah jeung koneng oge, rasana mani asa beda nihmat pisan.

Ayeuna mah belut, keong, beunteur, cingok, lele di sawah teh geus hese da loba teuing obat pare sato sawah teh loba nu punah, akot-akot peupeundeuyan, kini-kini, ucrit oge hese, sakalieunhayang cobekbelut oge mani hese, ongkoh deuih geus lila lembur teh ditinggalkeun kuli di lembur batur, jaba patroma na oge geus euweuh deuih, da bareto mah nubaralik macul teh sok mareunang belut salantay sewang, ayeuna mah cenah geus hese belut teh sakalieun keur ubar tas dikuris oge euweuh.

Keur leutiksok macul di gunung di sawahgunung tulang sawah hawara, di sungapan dawuan cibayawak, sok aya keuyeup apu nubodas leuleus, sawah teh ka pimilik, ngan digarapna ku dulur di lembur, di cibayawak handapeun sawah aya batu pangsalatan , paranti salat ari keur magawe di sawah, paranti bapa jeung kuring salat, nu jenat kungsi keur leutikna diguyangkeun di cibayawak, dakina luduh, si bungsiadina kungsi diguyangkeun deuih, tinggal incu nucan dijarahkeunka batu pangsalatan teh, ke geus pangsiun mah sabatae sawah teh rek dipelakan genjer, meh belutna loba deui moal loba teuing diracun, rek diorganik we gemukna oge, suganka umuran.

- bloger sejati -

Tidak ada komentar:

Posting Komentar