KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 01 Januari 2013

TANGKAL KAMELANG

TANGKAL KAMELANG; pelakeun satangkal mah salila urang hirup kitu dawuhan Rasulullah, tong nanyakeun keur saha engkena nu penting tancebkeun wae heula, tong nyebutkeunda teu boga lahanna, di lahan saha wae da melak mah moal aya anu nyarek.

Mun urang daek pepelakan kai atawa tutuwuhan heug urang nempo pelak urang jadi matak cageur nyeri HUNTU, MELAK TANGKAL SARUA JEUNG NGOMEAN CAI JEUNG OXIGEN.

Prak ayeuna meungpeung usumna pepelakan, tong diengke-engke bisi kaburu ku umur, mun teu boga bibitna bisa nukeuran ku dongeng piRAku satangkal mah teu kaduga ngupayakeun.

Pamingpin jeung rahayat kudu sarua daekna melakeun tatangkalan bandar kai komo kudu pisan daek melak, lantaran rejekina tina kai, artis pon kitu deui kudu daek melak kai tong marilu nyalon pangagung wae, sajarawan oge penting melak kai ameh BUMI jadi asri,kiai mah langkung penting margi kalakay nu murag mangmentakeun pangampura ari maot, nu maca tong katingaleun bisi teu kabagean Rahmat.

== PELAKEUN TANGKAL KAMELANG SANAJAN UKUR SATANGKAL ==

Tidak ada komentar:

Posting Komentar