KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Minggu, 23 Desember 2012

KANJENG NABI ADAM

Kanjeng Nabi Adam as; ngarundaykeun turunan ku mangrupa-rupa sukubangsa, aya cina aya walanda, aya indian, aya afrika, aya papua, aya sunda , jawa, bali, madura, ah pkona mah rea weh salobana suku bangsa nu aya kiwari jeung anu geus teu aya, demi basana oge tangtu rupa-rupa ponkitu deui budayana, demi pakulitanana aya nu bodas, hideung, koneng, beureum, jeung anu semu-semu kitu, semu beureum semu bodas semu hideung semu koneng, eta nyabar jadi pengeusi alam dunya, jadi pangeusi polu-pulo, nu gereyek tepi ka kiwari.

Demi kahirupan budaya, ageman jeung tehnologi geus aya ti baheula oge eta sakabeh bangsa teh, geus nmgabogaan sistim kahirupan jeung katata nagaraan masing-masing; kalolobaan kiwari anu diguar kahirupan teh ukur semet taun masehi, jaba geus nga abad, jarang nu ngungkab samemeh taun masehi, padahal jauh samemeh taun eta kahirupan di sunda oge tos aya, tos mibanda tatanan kabudayaan,tehnologi jeung pamarentahan, buktina diurang rea lacak nu mangrupa wangunan tina batu , jrrd.

Kanggo para ahli para inohong kalintang peryogina mesek te[pi ka esena ngeunaan kahirupan ki sunda anu leuwih kolot da tangtu ieu bangsa teh partantos aya sarua jeung bangsa sejenna, di saantero pangeusi alam dunya ieu, mun ukur ngagacel kahirupan abad masehi asa 'DEET' keneh kahirupan ki sunda teh, nu deukeut-deukeut weh - jaman firaon di mesir - , naha di sunda can aya kahirupan, apanmeureun sarua geus aya zaman eta oge, ma enya jelema ukur aya di tatar mesir wungkul, jst.

Nyanggakeun. Mamang rek udud heula.

by Mang omo

Tidak ada komentar:

Posting Komentar