KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Selasa, 01 Januari 2013

KAWUNG

KAWUNG; mangrupa tutuwuhan nu rea kacidamangpaatna, pucuk kawung keur udud dunkawung, nyere na keur sapu, daun nu ngora keur nyieun kontrang ,hateup, humutna keur mahinum, injukna keur mais peda jeung nyieun rara, hateup, cocok liang keuyeup,kawulna keur anggel jeung nema seuneu tina batu paneker, acina keur nyieun dodol jeung papais,hampas acina kawung keur melak supa, tangkal kawung - ruyung- keur doran pacul, iteuk, paseuk pacul, keur tongkat komando, kuluwungna keur ngulur cai, miara nyiruan, paranti susumputan , keur bedug,dogdog , kendang, terebang, genjring, langarina keur parab embe, lahangna geus puguheun keur nyieun gula kawung, lahang, wedang, tuak keur ngeueuman muncang adu, palebah cangkaleng keur bukur sirop, tah ieu MAMALA GEDE , lamun buah kawung CARULUK tea kabeh dijieun bukur sirop, atuh LAPUR MOAL AYA BUDAK KAWUNG, kawung kiwari geus kaasup tanaman langka,kunaon kawung jadi tanaman langka, lantaran; KAHIJI buahna diaralaan didalaharan, KADUA salah cara nyadap nu dipunggel pucuk, KATILU kawung sok diaci, KAOPAT kawung sok ala humutna, KALIMA kebon kawung dipake lembur.
by mamang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar