KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 18 Februari 2012

Ritual Nujuh Bulan di Pagaden


Gambar Arjuna  dina dawegan kalapa hejo











Gambar Srikandi dina dawegan kalapa hejo
Utun inji jabang bayi beubeulahan hate, indung lanjang bapak bujang hidep geus aya dina sir pada sir. Hiji ngaherang dua ngalenggang tilu gumulung opat mangrupa lima usik genep malik tujuh kolot dalapan ngora salapan medal ka dunya, baeu anaking rek awewe rek lalaki maoal birung di rawu dipangku.  Ulah satingal-tingalna mun lain tingaliaeunnana ulah saangseu-angseuna min lain  angseueunna ulah sedenge-dengena lamun lain dengeeunnana ulah saangseu-angseuna mun lain angseueunna ulah saomong-omongna mun lain omongkeunenna ulah sacokot-cokotna lamun lain cokoteunana, ulah satincak-tincakna laun lain tincaleunana.  Sing hade ahlak sing hade rupa matak bungah ningali matak bungah ngadenge ulah rek midua hate ka Gusti lampah sirik disebutna sing hade ka ibu rama sing soleh sing takwa ka Alloh

Kembang tujuh rupa bangsal sabokor, dawegan kalapa hejo nu digambaran arjuna jeung srikandi puncakmanik sapuratina











Rujak bebek tujuh rupa bubuahan diantarana jambu batu, buah cengkir, dalima, cengek, tongtolang, cangkudu.











Dawegan kalapa hejo nu meunang ngagambaran ditarok ku bapak budak, kudu belah sakaligus sapertos nu gambar ieu.










Indung beurang nu heman nungguan geus disauman tikuwari, wayahna ujang sing mineung ngalongokan meh bungsur bangsar dina waktuna lahir.










Robbana hablana min azwazinna wadurriyatina qurota ayunna wazalna lilmutaqinna imamma. Robbi habli minassolihin. aamiin.

2 komentar:

  1. Alhamdulillah, geuning masih keneh aya jaman kiwari anu ngamumule tatali paranti karuhun urang. Pamarentah pasti mere perhatian ka budaya peninggalan jaman baheula, ngan hanjakal pisan barudak ayeuna nganggap "budaya kolot" padahal lamun dicukcruk gede pisan manfaatna. Lamun diteangan dina pustaka pastina moal katimu, sabab tradisi ieu teu pernah dicatet atanapi dibukukeun. Hatur nuhun pak Wisahya anu tos ngiring ngamumule warisan karuhun urang sunda

    BalasHapus
    Balasan
    1. mudah-mudahan ieu tiasa dijantenkeun literatur.

      Hapus