KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 17 Agustus 2013

TUJUH BELAS AGUSTUS

TUJUH BELAS AGUSTUS; mamang keur sakola esde mun tanggal 17 agustus teh sok dibariskeun ti sakola esde nanggerang ka lapang sukaratu darmaraja, pikeun miluan upacara peringatan hari kemerdekaan republik indonesia, kela hiji ti hareup tuluy ditema ku kelas dua jeung sarerusna nepi ka kelas genep, bari nyekel bandera leutik diacungkeun ku leungeun katuhu, leungeun kenca ngajingjing timel diwadahan ku carecety elap sangu, sajajalan ngucapkeun - MERDEKA -, atawa ngawih lagu-lagu perjuangan jeung halow-halow bandung, tara lesot tepi ka bubar upacara jeung arak-arakan; sok resep ngalaan beca nudipake tiung jampana, sok meunang loba parebut jeung batur jeung kolot, ke mun geus beres upacara jeung arak-araknan karek timel di dahar di pasar darmaraja, da asa tara mawa cai dahar tara nginum, mani burial buncelik, tapi tara kabuhulan deuih; balkna leumpang bebas tara dibariskeun cara tadi keur inditkeun; loba kawaas anu moal bisa kalakonan deui, da geuning ayeuna mah geus beda deui jeung bareto; da puguh geus kolot ongkoh ayeuna mah, arak-arakana oge beda jeung bareto, bareto mah tara aya mobil didangdanan, estuning asli kampung paling oge jampana, atawa - KUKUDA RENGGONGAN - tina bilik ,jsb,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar