KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Senin, 09 Desember 2013

NYIEUN TAMBA GEDE

NYIEUN TAMBA GEDE; mangrupa tarekah ngubaran nu gering boh gering lahir boh gering batin ANU GEUS BEAK DENGKAK TEU BEUNANG DIUBARAN KA CARA LAHIRAH KOLOT BAHEULA SOK NYIEUN TAREKAH KU CARA NYIEN TAMBA GEDE ,bisi aya nu karumpak karempak dina lelemah dina wawangunan atawa pakakas, jsb; seja pertobat ka Nu Ngersakeun Nu ngusik malikkeun Nu Ngayugakeun siang wengi; ku cara rekes ka NU Ngersakaeun , nyieun puncak manik , cai kembang, meuleum menyan , nyuhunkeun cageur beuteung waras badan pait daging pahang tulang,  parek rejeki tebih balai;  nyanggakeun sidekahanana sakedik anu dibaktikeun ageung anu disuhunkeun, disuhunkeun kaberekahanana kamangpahatanana, anu teu damang nyuhunkeun sing enggal damang deui sabihara sabihari; ngiriman ngadu'akeun ka ibu nu ngandung ka rama anu ngayuga ka ibu nu teu ngandungka rama anu teu ngayuga ka dulur anuopat ka lima pancer ka para karuhun anu wajib dirahmat dikembang,ka karuhun nu ka kurung ku wawangunan ka tincak ku tatapakan nu ka geuleuhan ka keumeuhan, ka per nabi per sahabat per wali, muga sing dihampura dosana kenging rahmat kubur, neda hibar jiad pangdu'ana; cai kembang disiramkeun ka nu teu damangdisiramkeun ka lelemah opat pongpok wetan kidul kulon kaler. Gambar di handap conto keur nyieun tamba gede; munajat Ka Nu Maha Kawasa.
 
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar