KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Jumat, 18 Oktober 2013

ELMU TANGKAL

ELMU TANGKAL; wani nyokot wani mulangkeun, bulu-bulu akar nyeuseup hara jeung cai, jaba ngiket cai taneuh supaya taneuhtetep baseuh, disalurkeun ngaliwatan urat-urat tangkal, dikompa tepi ka daun, ku daun diolah, dipulangkeun deui geus jadi zat nu dipibutuh ku tangkal pikeun hirup jeung bubuah nu bakal ngaliarkeun turunan mangrupa siki jeung mata holang, mulangkeun oxigen nu dipibutuh ku sakumkna mahluk, harana dipulangkeun deui ka asal kana taneuh ku daun nugeus kolot nu di sebut kalakay, sangkan hara nu disedot jeung cai mulang deui, taneuh tetep subur pikeun kahirupan anu langgeng, kalakay numpuk buruk jadi humus nu nyuburkeun taneuh, jaba kitu bari ngarundaykeun turunan mangrupa petetan nu bakal ngaganti jeung neruskeun kahirupan anu langgeng, kitu saterusna teu bosen teu ngarasula estuning ihlas dina kodratna jadi tangkal kahirupan.

- bloger sejati -

Tidak ada komentar:

Posting Komentar