KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Kamis, 08 Juni 2023

Nyalusur makam Uyut Djagu

Ampir leungiteun lacak makam Buyut Djagu di astana Kebon Eurih blok pojok dusun Nangerang Desa Cinangsi Kacamatan Cisitu Sumedang Jawa Barat.

Sakumaha anu geus dipedar tiheula yen Buyut Jagu asal Limbangan Garut dungkapna ka Nanggerang Darmaraja Sumedang utusan ti Dalem Limbangan Imbanagara nyaosan pamudutna Dalem Sumedanglarang kanggo tugas ng
ajarkeun agama islam sabage ustad muda mangruparombongan anu ditempatkeun di masing masing wilayah Sumedanglarang bagean kidul.

Ngeunaan makam Buyut Djagu aya sababaraha persi , diantarana tutunggulna anu jiga tatapakan batu, tutungul anu tihang batu , tutunggulna anu jiga batu ceper .

Saenyana tiheula kungsi nyekar ka makam BUyut Djagu anu jiga tatapak disagedengeunna aya makam anu tutunggulna batu anu rinti jiga tapak rinyuh perenahna aya di petakan handap beulah kaler , tapi ayeuna teu katimu deui , aya oge anu di petakan luhur anu tetengger batu pipih jeung tetengger batu tihang anu geus potong , didinya katimu makam heubeul tina hatu alam aya sababara makam heubeul  tapi sundek kapanjangna pondok kalebarna heureut, keur dipaluhur alesanna can aya kasimpulan.

Poto iyeu anu tetengger batu pipih.

Minggu, 21 Mei 2023

C A R I T A P A N T U N

Carita 

Jejer
Lalakon anu dicaturkeur ku juru pantun anu haleuangkeun nurutkeun pakem wirahma tur dipirig ku jentrengna pantun.

Pantun

Kacapi gede anu wangunna juga lisung melengkung nu sok dipake mirig haleuang juru pantun.

Juru Pantun

Dalang pantun anu nyaturkeun galur lalakon.

Nyaturkeun

Nyaritakeun lalakon atawa mantun numutkeun pakem wirahma.

Pakem

Aturan nuliskeun pada carita jeung aturan ngahaleuangkeun anu dipirig ku jentrengna kacapi gede pantun.

Mantun 
Ngalalakonkeun pantun ku juru pantun anu di mimitian ku rajah bubuka pantun eusi lalakon jeung rajah panutup pantun.

Rajah 
Pakem bubuka pantun anu eusina amitan ka Nu Maha Agung menta dilancarkeun mantun salamet nu mantun salamet nu nanggap pantun salamet nu lalajo pantun salamet nunulis pantun salamet nu maca pantun , aya rajah bubuka rek ngamimitian mantun jeung rajah panutup geus rengse nyatur pantun.

Rajah bubuka
Pun
Sapun 
Ka Nu Maha Agung
Ka pernabi ka perwali
Ka permalikat
Ka ibu nu ngandun
Ka bapa nu ngayuga
Ka ibu nu teu ngandung
Ka bapa nu teu ngayuga
Ka nini paraji batin
Ka aki paraji batin
Ka guru batin
Ka dulur batin
Nu dulur nu opat 
Kalima pancer
Sareng ka Aki Baju Rambeng
Nu boga lalakon
Nu linggih di pasirkidul
Miwah ka sadaya karuhun
Nu sumare di makam girang
Ka Eyang Perebu Siliwangi
Ka nu sumare di gunung lingga
Eyang Prebu Tajimalela
Batara Tungtang buana
Ka nu linggih di Cikeusi
Ka perebu Surya Ageung
Ka nu linggih di gunung padang
Ka Resi Ajar padang
Ka nu lingih di gunung sakti
Ka Ki Ajar Sakti
Ka nu linggih di pasarean gede
 Perebu Lembu Agung
Ka sumare di Cipeueut
Embah buyut haji
Ratu istri Nawang wulan
Resi Agung Bimaraksa
Ka nu linggih di cicanting
Perebu Gajah Agung
Ka nu sumare di gunung nirmala
Perebu Balung Tunggal
Perebu Mundinglaya di Kusumah
Ka Ratu Galuh
 nu calik di gunung penuh
Ka Eyang Palita Eyang kaca kaca
Nu linggih di cisema
Ka karuhun nu sumare 
Di Nanggerang kidul
Ka Kiyayi ka Aom ka Ibu ka Mataram
Ka nu lenggah di curug emas
Perebu Aji Putih Panungtung
Nu sumare di pajaratan kebon tiwu
Demang Santapura
Kanu linggih di ciwangi 
Embah mandor
Ka Eyang istri eyang pameget
Ni linggih di lemah beureum
Ka nu linggih di gunung puyuh
Pangeran Sugih 
Pangeran Mekah
Ka nu linggih di pasarean gede
Ka Pangeran Satri 
Ratu istri Pucuk Umun
Mugi sing diangken 
Umat kanjeng nabi
Lebet ka sawargana Gusti Allah 

Amit kula seja ngalalakonkeun
Lalakon anu baheula
Nu kungsi aya
Hampura 
bisi aya salah ucap
Bisi lepat nyebat
Bisi aya karuhun
Nu teu kasebut
Nyuhunkeun perbuka 
 salamet dunya aherat.

Eusi carita pantun
Sakumaha numutkeun jejer
Mundinglaya Di Kusuma
Ciung Wanara
Gagak Lumayung
Kanjeng Nabi Adam Babu Hawa
Jeung salian ti eta
Lalalokn pantun 
Nimutkeun sepuh aya saratus

Imeut dicaturkeun ti awal 
Dugi ka ahir teu hade diliwat

Ruruba 
mantun
Susuguh kumplit
Puncak manik 
Congcot sangu pera make endog
Hayam bakakak hayam bubur beureum
Bubur bodas kelepon goreng ulen peuyeum ketan hideung opak wajit cau raja sate maranggi , beuleun lauk emas beureum
Sesepeun 
Roko keretek 
Gudang garem beureum surutu adipati
Roko dun kawung bako tampang banget
Madat zenewer samsu revil jarum coklat upet tambang kahade ulah sabatang kudu saselop meh anu nulis kabagean
Tektek 
Lemareun kanggo karuhun itri pameget
Seureuh beureum apu gmbir laja kapol jambe bako tampang eukeur nyisig
Sadiakeun rorojehna bisi karuhun tos ompong.

Rajah Panutup

Geus punah lalakon 
Nu dilalakonkeun
Geus tamat ieu carita
Hanpura bisi aya nu teu kasebut
Bisi salah nyebut
Bisi tisorodot omon
Ti soledat letan
Neda agung cukup lumur
Neda jembaar panganpura
Cag
Urang teundeun di handeuleum sieum
Urang tunda di hanjuang siang
Paranti nyokot ninggalkeun
Pieun guareun deui

🌹♥️🌹

Sabtu, 20 Mei 2023

Pantun Priangan

Pantun Sumedang
Diwangun ku juru pantun jeung alok dipirig ku dua wadrita  pantun kacapi gede anu jiga lisung jeung kecrek  ,  gawen juru pantun atawa tukang pantun atawa dalang pantun nyeta nyaturkeun lalakon pantun , nyaturna dihaleuangkeun dipirig ku sora pantun anu dipetik ku dalang , demi tugas alok mah ngalokan bari nakol kecrek ngamairan dimana lamun butuh pikeun  ngaramekeun nu ditakol ku alok , supaya teu monoton.

Dina nanggap pantun lengkep rurubana atawa susuguhna atawa pupulurna sab loba deui karuhun anu disambat diujubanna oge , anu utama congcot sangu pera bakakak hayam jago cobek luk emas beureum oge kudu aya keur tuangeun anu nulis ,cikopi pait cikopi amis duwegan kalapa hejo, bubur beureum bubur bodas roko keretek cap upet tanbang jarcok samu repil  surutu jeung tek tek wawangina minyak lambe jeung nyeungeut menyan  jeung madat jgelun dina dina parukuyan mulek , tah ieu kaasup anu utama nu kasebut dina  dina rajah pantun " bul kukus mendung ka manggung ka manggung ka sang rumuhun ka batara ka batari kasadaya karuhun nu wajib di rahmat di kembang , amit kula bade mantun nya mantun carita karuhun, palias neres narutus palian narajang alas , menta lancar dina nyatur , salamet anu nyatur salamet nu dicaturkeun , salame nu nanggap pantun salamet nu lalajo pantun, salamet sarereya.

Lalakon pantun
Mundinglaya di kusumah
Kanjeng Nabi Adam Babu hawa
Ciung Wanara
Gagak Lumayung
Jeung rea rea deui
Poho deui
Nanggap pantun
Di nu kariaan
Di nu kawinan
Di nu ngaruat budak nunggal
Di ngaruat lembur.
Mantun
Sapeuting jeput teu meunang disinget
Kudu dipapay dilalakonkeun
Di kawit dugi ka ahir
Komo lamun di nu ngaruat mah 
Teu meunang balik memeh anggeus
Sok dipegat sanekala
Kudu tepi ka parat lalakon
Tapi tengah peuting mah 
Sok eureun heula 
Juru pantun tuang leueut heula
Nyesep heula
Nu lalajo mah ngarenah 
Udud ngepluk
Bari barang dahar 
Orokaya tukang pantun 
Jeung alok mah
Jongjon ngalalakon


Geus beres reureuh lalakon
Dipaju deui tepi k tamat 
Kadang lalakon anu panjang mah
Sok tepi ka bray beurang malah tepi ka moyan.
Iyeu caritanu dicaritakeun ku
Juru pantun baheula keur ngora
Sok rajeun ngadengekeun carita
Pantun Alm. Aki Ca'i urang 
Pasirmuncang Situraja
Ampir lima puluh taun katukang.

Tilemna pantun
Bisa jadi ku alatan
Juru pantun tilar dunya
Teu aya deui nu nanggap pantun

Muga pantun ditaranggap deui
Supaya seni pantun sunda teu sirna.

Saestuna seni pantun teh carita anu dihaleuangkeun dipirig ku dua waditra pantun jeung kecrek di caturkeun ku juru 
Pantun diwuwuh ku juru alok.
Mun aya katerangan nu kaliwat mah sugan ke rineh diasel deui
Ayeuna mah rek udud heula nya
Sakitu nu kapihatur
Nyanggakeun sabrang salayan
Lebet ka cabe henteu
Sakitu urang tunda heula sugan ke 
kasampeur deui.🌹


Hampura bisi aya nu salah nyaritakeun atawa sah ngetik.