HAYANG MALIKAN DEUI MANGSA KA TUKANG sanajan pamohalan kalakonan mangsa MAMANG KEUR LEUTIK; kira umur sapuluh taun kelas tilu sd da harita
mah asup sakola sd teh dina panceg umur budak geus tujuh taun , mun
leuneungeun dibeulitkeun
kana sirah geus
bisa ngaragap ceuli; ku bapa geus dipangmeulikeun sapi hiji sewang
jeung nu jadi lanceuk; dipangnyieunkeun tanggungan karinjang leutik,
dipangmeulikeun arit leutik ti panday wado, nyakitu deui lanceuk mamang
sarua deuih.
Balik sakola
sok ngarit ka salanghunyar bareng jeung lanceuk, jeung batur nu geus
galede, memeh ngarit sok guyang heula di leuwi cijulang, da harita mah
caina herang jaba badag, leuwina jero, sok tokerelep ditarulungan kunu
galede, leuwi teh oyag caina da puguh pinuh ku budak nu guyang; seubeuh
guyang panon belel bareureum karek hanjat dibaraju deui da puguh guyang
teh ditaranjang sarerea oge, tuluy arindit ka salanghunyar ngararit
minuhan tanggungan karinjang, geus pinuh baralik deui kana jalan nu
tadi, tuluy garuyang deui di leuwi cijulang kawas tadi; seubeuh guyang
karek bartalik, datyang ka kandang tuluy diparabkeun ka sapi; sapi
danten mamang buluna bodas mulus dingaranan SI MANIS, sapi lanceuk
leuwih gede rupana coreleng, bulu coklat selap bodas dingaranan SI
CORELENG.
Sakapeung mun pere sapi teh sok diarangon ka bebera,
resep nungguan sapi ngagutrut ngahakan jukut, sok bari ngarit, mun geus
pinuh tanggungan karinjang, sok ngadu sireum hideung kumisna dipiteskeun
sabeulah, SIREUM PAPUKET DIADU SILIH GEGEL SOK PAEH SAHIJI, sapi mun
geus bungkiang beuteungna sok tuluy digiringkeun dibawa bawa balik mwa
pecut bari nanggung karinjang, dikalungkeun ka kandang tuluy jukut nu
tadi diparabkeun deui ka sapi, sdapi teh mani lintuh beresih da mun poe
juma'ah SOK DIGUYANGKEUN KA LEUWI CIBAYAWAK, sok dikosok ku sereh wangi.
Lalampahan ngarit parat tepi ka kelas genep sd, sanggeus di sakola
pertanian tingkat smp, eureun ngarit da sakola sok balik burit jaba
harita mah leumpang nyeker, ti nanggerang ka situraja, komo geus sakola
stm pertanian di cimalaka mah tara pisan ngambeu arit, da sakola nage
indekos di Cipanteneun balik ari pere sakola mun geus beak bekel wae,
tara balik unggal pere da ngirit ongkos karunya ka bapa jeung ema,
mangkaning sarakola kabeh jeung adi nu tilu awewe najan karek di sd.
Sajeroning keur sok ngarit, batin mah sok ngajerit anak mah moal cena
ngarit ngala suluh karunya arek cena ulin we bari junun sakola; dijabah
boga budak lima, babakuna nu opat, teu kungsi beluleun ngarit ngala
suluh, jarunun sakola, ongkoh budak geus beda jaman tara ngarit ngala
suluh, alhamdulillah jarunun jareneng.
Geus kolot geus arek
pangsiun, asa kagagas hayang deui guyang, hayang ngarit, hayang ngala
suluh deui jeung babatura, duka kalakonan deui duka moal, nu puguh mah
boga incu geus genep nu bungsu masih sakola di sma kelas tilu , geus mangsiun sataun leuwih , lanceuk si bungsu geus mulang tiheula, babaturan guyang, ngarit, ngala suluh, ngangon loba anu geus mulang ti heula., jeung nu araya keneh oge jarang lawung jaba geus baroga urusan masing-masing, nu matak pamohalan kalaksanakeun ukur sakadar sawangan hungkul.kaulinan nu baheula ku budak ayeuna geus moal kasaba deui sabab jaman geus beda, paling oge ayeuna mah internetan.