KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Sabtu, 17 September 2022

Sangkuriang ngalalana

Sangkuriang katohyan ngabohong anu majahkeun nu dibeuleum teh ati uncal padahal anu saenyana eta ati Si Tumang anu ngahaja ditumbak ku Sangkuriang diala atina demi nyumponan pamunfut nu jadi indung.
Laju Dayang Sumbi kacida werana ka nu jadi anak bakating ku kuciwana teu bisa nahan amarahna , Sangkuriang embun embunanna dicocog ku taropong tepi ka baloboran getih , laju Sangkuriang nu madih keneh budak leutik waktu harita diusir ku Dayang Sumbi.

Budak inditna cepet ngetan turun gunung unggah gunung nete akar ngeumbing jangkar ngambah sagara, engkena sanggeus mangtaun taun datang deui kaeta tempat panginditan waktu di usir ku indungna dina kaayaan duanana geus pada poho.

Di luhur disebutkeun budak teh inditna cepet ngetan datang deui ti beulah kulon, hartina dina lalakon Sangkuriang ngalalana geus ngurilingan dunya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar