KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Rabu, 14 September 2022

Nyi Larasati


Numutkeun dongeng kolot dicaritakeun yen Dayang Sumbi keur leutikna disebut Nyi Larasati ramana Ratu Galuh nu sumare di Panyusuhan ibuna putri geulis nu sumare di gunung simpay .

Demi Nyi Larasati digedekeun di gunung putri  , sanggeus rada gede parawan leutik Nyi Larasati menta tepung jeung ramana , ku ibuna dianteurkeun ti gunung putri tepi ka gunung surian meuntas walungan cimanuk meuntas dipangrakitan terus mapay jalan ka kalerkeun tepi ka gunung surian , ti dinya Nyi Larasati diecagkeun tina tonggongna.

Ibuna nyaur Nyai anaking ibu ngan serek die jajap jung geura meuntas walungan Cimanuk engke bakal dipeuntaskeun ku Buahaya putih , " papay jalan anu lempeng"  di di ditu bakal tepung jeung kang rama bapa hidep,anjog ka hiji tempat anu disebut panyusuhan panyusulan ingkang rama raja galuh dina eta fongeng disebut Raja Cipaku.

Wasiat ibu na Nyi Larasati " papay jalan anu lempeng " ieu kalimah wasiat anu ngandung harti jero.
Sakitu heula tereh  waktu dur lohor.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar